Baraya, 
aya deui anu aneh anu pait jeung eta bangsa teh, nyaeta ku ayana suku bangsa 
cina di provinsi UYGUR pajarkeun urang Turki basana ge basa turki, saha anu 
terang perkawis ieu? Moal kitu aya hubunganana sareng purtana Rarasantang anu 
bade mulih ka dieu. 

wassalam, 
dudi_ss
  ----- Original Message ----- 
  From: Jatigede 
  To: urangsunda@yahoogroups.com 
  Sent: Thursday, August 23, 2007 9:56 PM
  Subject: Re: [Urang Sunda] Kemal Ataturk: Pahlawan sakaligus Manusa Sinting 
(1)


  Punten bade mairan ngeunaan Turki....
  Ka Mustafa Kemal, terang namina we mung kana sajarahna mah teu rada apal....
  Ngan abdi pernah ngaos "My name is Red" anu ngagambarkeun Turki dina zaman 
Khalifah.
  Dina buku "My Name Is Red" karangan Orhan Pamuk....(sesah pisan maca sareng 
ngartikeun ieu buku..sami sareng sesah pisan maca naon eusina Die 
Klaviespielierin (Guru Piano) : Elfriede Jelinek, sanaos akhirna ngartos ) 
kusabab seueur pisan silokana, plot anu campur aduk dipilin siga untun buuk, 
katunda wae teu acan rengse!. 
  Ngan abdi tiasa ngartoskeun yen Bangsa Turki gaduh dua budaya anu sami sami 
kuat pangaruhna. Nyaeta kulon(disebat bangsa Frank) jeung wetan....leres anu di 
serat ku Kang Waluya.Namung dina My Name is red kaciri pisan katugenah urang 
Turki duka bade ka eropa atanapi bade ka asia...
  Caritana mah tukang ukir kaca karaajaan anu pinter pisan ngalukis kuda anu 
hirup siga nyaan, dina waktos khalifaha-an anu dipaehan ku jalmi (si hitam; 
misterius pisan).
  Istrina anu ngantosan, antara satia atanapi nikah deui? akhirna nikah deui 
kusabab pangaruh barat(Frank) sanajan teu kenging kusabab aya hukum 
islam(timur) kedah jelas heula kumaha, dimana jsb salakina?
  Nya intina mah Turki teh siga nagara anu bingung naha bade ka Asia atanapi ka 
eropa sabab secara geografis daerahna sebeulah leutik aya di eropa , sabeulah 
deui aya di asia. Sanajan ayeuna lebet ka Europa Union. Meh makmur jeung leuwih 
keren we sigana mah upami asup eropa.

  Sahman



  Aschev Schuraschev <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
    Pirbados kantos ka Turki, persisna ka Antalya (Anatolia) ti ping 21 dugi ka 
ping 24 November 2006. Saptu, ping 25, wangsul tapi transit sadinten di 
Istanbul.
    Salami di Turki, anu kapendak ku pribados:
      1.. Urang Turki tiasa miara basa aslina (basa Turki) sareng budaya 
warisan karuhunna (kalebet titinggal kapurbakalaannana, henteu diancurkeun 
teras digentos ku nu anyar). Basa Arab dianggo dina hal-hal kaagamaan. 
      2.. Urang Turki tetep ngagem Islam sanaos basa sareng budaya lokalna 
dicepeng pageuh. Tiap anu ditaros ku pribados naon agamana, pada ngawaler 
Islam. Teras masjid meni seueur pisan, katingalina langkung seueur ti Endonesia.
    Jigana peran Mustafa Kemal ageung dina ngalanggengkeun budaya asli (muatan 
lokal) di Turki. Mangga diantos pedaran salajengna, bah.


    Waluya <[EMAIL PROTECTED]> wrote: 

    .
     




  www.friendster.com/sahman
  www.geocities.com/ex_orientelux
  Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com  

Kirim email ke