haha..
ieu mah duka bener duka salah pamadegan teh... ngan rarasaan mah asa can
salah :)

ti sababaraha waktu kaliwat, kuring boga pamadegan. kabeh, individu atawa
'gorombolan', sok mangga rek naon wae oge. rek maling, rek korupsi, rek
merkosa, rek teu maling, rek teu korupsi, rek teu merkosa mangga lakonan.
ngan dimana aya tuntutan kalakuan manehna teu bener... wajib ngajelaskeun
nepi ka nu nuntut ngarasa yakin naon nu dilakukeun ku manehna bener. lamun
gagal atawa lamun manehna kalah ka malik teu yakin yen naon nu dilakonan
bener, wayahna kudu nanggung resiko.

tah meureun naon nu diperkarakeun ku bah willy kaasup kana nuntut
pangyakinkeun ka mui hehe

ka teu ing ket ang

d
ps: salah sahiji gambaran lamun jalma geus ngarasa yen maling, korupsi atawa
merkosa yakin bener. maranehna ngalakukeunna di tengah alu-alun bari
disaksian jalma kabeh! :D

On 8/23/07, waluya56 <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>   > "Dudi Herlianto" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> > ieu mah pamadegan kuring. fatwa teu sarua jeung ngalarang. ukur
> > himbauan :)
> > yen eta teh haram. nya dimana aya umat nu teu satuju mangga we
> > lajengkeun ngadangdut :)
>
> Ngalarang / ngaharamkeun moal nganggeuskeun masalah, eta oge lamun
> dianggap masalah. Kuring inget di taun 1970'an, dangdut teu meunang
> manggung di TVRI. Oma Irama jeung ELvi sukaesih "haram" aya dina layar
> kaca. Tapi dangdut henteu punah, malah lila-lila nu resep tambah
> ngalobaan.
>
> Lamun urang kukurilingan di sakuliah Indonesia, bakal karasa yen AYA
> nu ngahijikeun urang Indonesia nu "bhineka" ieu. Kahiji Bahasa
> Indonesia. Dimana-mana wae di Indonesia, urang teu salempang ku
> bahasa, sabab rata-rata urang Indonesia, barisa ngomong Basa Indonesia.
>
> Nu kaduana? musik DANGDUT!. Lagu dangdut kareungeu di sakuliah
> Indonesia ti Sabang tepi ka Merauke, ti Pulo Roti tepi ka Talaud.
> DANGDUT nu dilarang ku pamaretah di taun 1970'an malah robah jadi
> KASENIAN NASIONAL. Ngahijikeun Urang Indonesia jadi sakaresep.
>
> Kuring satuju pisan jeung hiji pamandegan dina dialog dina TV, yen
> lagu Indonesia Raya teh teu kudu diatur-atur cara ngamaenkeunana.
> Bebaskeun wae rek kumaha dinyanyikeunana, sabab Indonesia Raya milik
> rakyat Indonesia. Kuduna ayeuna aya INDONESIA RAYA versi
> Dangdutna .....hehehehe
>
> Baktos,
> WALUYA
>
>
>  __.
> ,___
>



-- 
~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~
:.nu dipalar lain pamuji, panyepét nu dipénta!.:
datiparang.blog.com . deha.wordpress.com

Kirim email ke