*Kopi anjing* atawa *namnam* (Lat. <http://su.wikipedia.org/wiki/Basa_Latin> *Cynometra cauliflora*) nyaéta tutuwuhan pituin Asia Tenggara<http://su.wikipedia.org/w/index.php?title=Asia_Tenggara&action=edit>, utamana Indonésia <http://su.wikipedia.org/wiki/Indon%C3%A9sia> nu kaasup kulawarga kakacangan <http://su.wikipedia.org/wiki/Kakacangan>. Tangkal kopi anjing mah leutik (3-15 m), tapi dahanna ngarangkadak, kembangna leutik (diaméter 1,2 cm).
Daun Daun kopi anjing boga dua anak daun, nu mun teu ditelek-telek mah kawas dua daun. lambaran daunna téh teu simétris, ukuranana 5-15 cm<http://su.wikipedia.org/w/index.php?title=Centimeter&action=edit>(panjang) jeung 2,5-7,5 cm (lébar), kelirna héjo bagedod. Buah [image: Buah kopi anjing]<http://su.wikipedia.org/wiki/Gambar:Kopi_anjing.jpg> <http://su.wikipedia.org/wiki/Gambar:Kopi_anjing.jpg> Buah kopi anjing Buah kopi anjing bentukna kawas ginjal <http://su.wikipedia.org/wiki/Ginjal>, panjang 5-10 cm, lébar 5 cm. Cangkang buahna<http://su.wikipedia.org/w/index.php?title=Cangkang_buah&action=edit>teu beulah, tapi aya urat beubeulahanana. Kulitna kasar jeung rada kerejut, kelirna héjo pias semu coklat. Daging buahna baseuh kelir konéng, aya bauan, rasana haseum, sikina gedé. Baranahan Tutuwuhan ieu sumebar tina sikina, najan bisa ogé dicangkok. Sumber rujukan - *Namnam <http://en.wikipedia.org/wiki/Namnam>*. Disalin 29 Agustus 2007. - Kopi Anjing (Namnam)<http://www.iptek.net.id/ind/teknologi_pangan/index.php?id=261>ti Sentra Informasi Iptek Tumbu kaluar - Singapore National Parks Board<http://www.nparks.gov.sg/PlantInfo.aspx?id=6981> - Cynometra cauliflora L.<http://bebas.vlsm.org/v12/artikel/ttg_tanaman_obat/depkes/buku2/2-086.pdf>(PDF) Disalin ti "http://su.wikipedia.org/wiki/Kopi_anjing" Kategori <http://su.wikipedia.org/wiki/Husus:Categories>: Caesalpinioideae<http://su.wikipedia.org/w/index.php?title=Kategori:Caesalpinioideae&action=edit> On 8/30/07, digum gumelar <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > cing nukumaha tangkalna bisi beda lembur beda ngaran,ciri-cirina kumaha, > perdu,tanaman tahunan atawa sajenis palawija jiga jagong atwa kumaha bahasa > latinna naon,boa-boa jiga tangkal loa tawa leles,buahana jiga kumahanya. > -- sikandar kumincir.blogspot.com

