Punten wargi sadaya, nembe mucunghul deui :). Wilujeng tepang eh wanoh kanggo 
nu narembe lebet :)
Di lembur sim kuring mah (palih kaler Ciamis :) ). Pami buah nu kitu teh 
disebatna pukih. Asa kaemutan deui, tos lawas teu mendakan. Duka aya keneh duka 
henteu tangkalna. Jaman SD mah da seueur di buruan (batur) heuheu

baktos, 
eeya


  ----- Original Message ----- 
  From: Akhmad Gunawan 
  To: urangsunda@yahoogroups.com 
  Sent: Thursday, August 30, 2007 12:04 PM
  Subject: Re: Balasan: Re: [Urang Sunda] Tangkal Nam-nam



  Cikan kang Kumincir naha aya laratannana kunaon make disebut kopi anjing.

  WAG

  kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
    Kopi anjing atawa namnam (Lat. Cynometra cauliflora) nyaéta tutuwuhan 
pituin Asia Tenggara, utamana Indonésia nu kaasup kulawarga kakacangan. Tangkal 
kopi anjing mah leutik (3-15 m), tapi dahanna ngarangkadak, kembangna leutik 
(diaméter 1,2 cm). 
    Daun
    Daun kopi anjing boga dua anak daun, nu mun teu ditelek-telek mah kawas dua 
daun. lambaran daunna téh teu simétris, ukuranana 5-15 cm (panjang) jeung 
2,5-7,5 cm (lébar), kelirna héjo bagedod.
    Buah
     
     
    Buah kopi anjing
    Buah kopi anjing bentukna kawas ginjal, panjang 5-10 cm, lébar 5 cm. 
Cangkang buahna teu beulah, tapi aya urat beubeulahanana. Kulitna kasar jeung 
rada kerejut, kelirna héjo pias semu coklat. Daging buahna baseuh kelir konéng, 
aya bauan, rasana haseum, sikina gedé.
    Baranahan
    Tutuwuhan ieu sumebar tina sikina, najan bisa ogé dicangkok.
    Sumber rujukan
      a.. Namnam. Disalin 29 Agustus 2007. 
      b.. Kopi Anjing (Namnam) ti Sentra Informasi Iptek
    Tumbu kaluar
      a.. Singapore National Parks Board 
      b.. Cynometra cauliflora L. (PDF)
    Disalin ti "http://su.wikipedia.orgwiki/Kopi_anjing";
    Kategori: Caesalpinioideae
    On 8/30/07, digum gumelar <[EMAIL PROTECTED]> wrote: 
      cing nukumaha tangkalna bisi beda lembur beda ngaran,ciri-cirina kumaha, 
perdu,tanaman tahunan atawa sajenis palawija jiga jagong atwa kumaha bahasa 
latinna naon,boa-boa jiga tangkal loa tawa leles,buahana jiga kumahanya. 





    -- 
    sikandarkumincir.blogspot.com 


  Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com 

   


------------------------------------------------------------------------------


  No virus found in this incoming message.
  Checked by AVG Free Edition. 
  Version: 7.5.484 / Virus Database: 269.12.12/979 - Release Date: 8/29/2007 
8:21 PM

Kirim email ke