Hehehehe .... masalahna mah teori evolusi (oge biologi) elmu nu nengetan mangkeluk hirup kaasup manusa. Jadi manusa dina biologi obyek salian ti subyek. Tah umpama Obyek jeung subyek ngahiji, sakapeung faktor subyektif anu mucunghul, jadi teu obyektif deui.
Padahal mah gampang ngahartikeun teori Evolusi teh, lamun rada katarik kana sasatoan, contona maung lodaya nu di Indonesia aya tilu species. Maung Sumatera, Maung Jawa (punah) jeung maung Bali (punah). Tah kunaon tepi ka kudu dibedakeun kitu? sabab sacara fisik tilu species maung ieu teh beda. Maung Sumatera mah galalede, Maung Jawa mah sedeng, Maung Bali pangleutikna. Naha pangawak maung teh bet saluyu jeung lega pulo nu dicicinganana, pulo sumatera panglegana, pulo Jawa sedeng legana, ari pulo Bali pangheureutna. Jawabanana aya dina Teori Darwin, mangkeluk nyaluyukeun dirina kana lingkunganana. Jeung loba deui sato di urang, nu kacirina siga sarua padahal beda, gumantung kana lingkunganana. Manusa? duka tah perkara manusa mah, ngan nu jelas manusa mah sakabeh ge digolongkeun sa-species (Homo Sapiens). Ngan tetep we aya varietasna : Urang Eropa awakna jangkung badag, kulitna bule, Urang Afrika Hideung, Urang Indonesia, sawo matang, sedeng teu leutik teuing. Urang Indian kulitna rada beureum jst. Kunaon bet beda kitu? akibat lingkungan? ..... meureun! Baktos, WALUYA --- In urangsunda@yahoogroups.com, "mj" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Haha. Si horeng lain dina soal agama wungkul aya istilah percaya > atawa kapercayaan, sabab dina elmu atawa sains oge, percaya atawa > kepercayaan kitu gening perlu pisah. Percaya kana rumus apel > Newton, salila rumus eta bener. > Tapi beh dieu benerna rumus apel Newton kageser ku rumus Enstein. > Dina fisika mah sigana ebreh jelas eces matematikana. Ari dina > biologi mah komo ngeunaan teori evolusi tea, bisa jadi aya dua > tilu pamanggih nu hirupna > gumantung aya henteuna penganut! Haha. Siga agama wae.