Dina dunya kedokteran sok aya istilah second opinion.
Menta pendapat dokter sejen ngeunaan hiji panyakit nu kapanggih ku hiji
dokter di hiji pasen. Sigana cara atawa metode nu dipake kudu sarua sangkan
hasilna oge sarua.

Dina novel Fetussaga si kuring kungsi nulis yen boa2 kabeh mahluk di darat
teh asalna ti laut. Make conto jabang bayi hirupna salapan bulan leuwih
saeutik dina jero rahim nu pinuh ku cai. Sato atawa sarupaning lauk ngalaman
evolusi-duka alatan alam tempatna ngojay atawa aya faktor lain, nepi ka
evolusi, nu tadina sirip jadi leungeun, buntut jadi suku. 

Mahluk hirup memang beradaptasi ka lingkungan atawa dibentuk ku lingkungan.
Cenah contona, di daerah nu loba lebu/debu/dust, bulu irung urang sok
gondrong. Di tempat2 nu kelembaban udarana minim, liang irung laleutik atawa
irungna mancung siga bule.

Kangguru -suku hareupna laleutik, eta siga sato nu aya dina proses evolusi,
ti suku opat sarua kabeh kaarah suku dua (meureun), atawa boa2 ti suku dua
ka suku opat. Tapi da sato nu sukuna dua mah sabangsa unggas alias hayam,
manuk, jsb.

Jepara eh jerapah, beuheungna panjang pisan, sigana memang hirupna ti
baheula di daerah nu tatangkalanana jarangkung. Atawa kabeukina pucuk daun
nu laer,jadi beuheungna manjangan.

Evolusi di kulwarga oge aya. Sanajan sarua anak indung bapak, anak cikal,
panengah jeung bungsu rada beda adatna, sabab dikondisikeun beda posisi.

Kacinya ngarauhul mah. Heuheu


-----Original Message-----
From: urangsunda@yahoogroups.com [mailto:[EMAIL PROTECTED] On
Behalf Of waluya56
Sent: Wednesday, September 05, 2007 2:13 PM
To: urangsunda@yahoogroups.com
Subject: Re: [Urang Sunda] Membongkar Tirani Evolusionis di Layar Lebar

Hehehehe .... masalahna mah teori evolusi (oge biologi) elmu nu 
nengetan  mangkeluk hirup kaasup manusa. Jadi manusa dina biologi 
obyek salian ti subyek. Tah umpama Obyek jeung subyek ngahiji, 
sakapeung faktor subyektif anu mucunghul, jadi teu obyektif deui.

Padahal mah gampang ngahartikeun teori Evolusi teh, lamun rada 
katarik kana sasatoan, contona maung lodaya nu di Indonesia aya tilu 
species. Maung Sumatera, Maung Jawa (punah) jeung maung Bali 
(punah). Tah kunaon tepi ka kudu dibedakeun kitu? sabab sacara fisik 
tilu species maung ieu teh beda. Maung Sumatera mah galalede, Maung 
Jawa mah sedeng, Maung Bali pangleutikna. Naha pangawak maung teh 
bet saluyu jeung lega pulo nu dicicinganana, pulo sumatera 
panglegana, pulo Jawa sedeng legana, ari pulo Bali pangheureutna. 
Jawabanana aya dina Teori Darwin, mangkeluk nyaluyukeun dirina kana 
lingkunganana. Jeung loba deui sato di urang, nu kacirina siga sarua 
padahal beda, gumantung kana lingkunganana.

Manusa? duka tah perkara manusa mah, ngan nu jelas manusa mah 
sakabeh ge digolongkeun sa-species (Homo Sapiens). Ngan tetep we aya 
varietasna : Urang Eropa awakna jangkung badag, kulitna bule, Urang 
Afrika Hideung, Urang Indonesia, sawo matang, sedeng teu leutik 
teuing. Urang Indian kulitna rada beureum jst. Kunaon bet beda kitu? 
akibat lingkungan?  ..... meureun!


Baktos,
WALUYA
    

No virus found in this outgoing message.
Checked by AVG Free Edition. 
Version: 7.5.485 / Virus Database: 269.13.5/990 - Release Date: 9/4/2007
10:36 PM
 



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke