Hatur nuhun Kang Oman.

Nambihan.. punten ka PR.com da ieu teu wawartos ditarjamahkeun kitu wae.
Nanging ari softwarena mah tiasa dianggo narjamahkeun loka basa Indonesia
naon wae. Contona:

Kompas:
http://tarjamah.sabilulungan.org/loka.php?article=http://www.kompas.com/ver1/Iptek/0709/05/163431.htm

Republika:
http://tarjamah.sabilulungan.org/loka.php?article=http://www.republika.co.id/online_detail.asp?id=305888&kat_id=23

Nu karaos sesahna, margi abdi sanes ahli linguistik, dina:
- nalungtik sacara sintaktik kalimah-kalimah anu dina basa Indonesia.
- kirang lengkepna eusi kamus Sunda - Indonesia anu dieusian nyalira.

Kukituna pami aya anu bade neraskeun nalungtik, saena mah ku nu bade S1-S2
widang 'computational linguistics'. (Duka di Unpad / IKIP aya?), kode
sumberna ku abdi seja dikintunkeun.

Salam,
Dian.

On 9/5/07, Oman Abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>   Hatur nuhun Kang Dian, infona.
>
> Tah geuningan geus ngamimitian "wani" naratas. Sugan wae, sakumaha
> kasauran Kang Chaedar Al Wasilah (CAW) dina diskusi 10 poean ka tukang
> dina jejer "Budaya Sunda jeung Etos Kerja", ka hareup aya oge sakola
> anu basa panganteurna make basa Sunda. Boa-boa malah pausaahan koran
> PR anu rek naratas eta sakola teh.
>
> Nyakitu. "Salah sahiji syarat revitalisasi budaya teh kudu wani jadi
> panaratas (pelopor), kudu wani beda, singgetna", saur Kang CAW. "Matak
> naon di urang, di Jabar, deg wae adegkeun sakola anu basa panganteurna
> basa Sunda", saurna deui. Kilangbara atuh di sakola2 umum mah, tapi,
> matak naon upama Pamarentah...eh saha wae ketang ...nyieun sakola
> sarupa kitu geusan miara basa indung tea.
>
> Wilujeng.
>
> baktos,
> manAR
>
> --- In urangsunda@yahoogroups.com <urangsunda%40yahoogroups.com>, "Dian
> Nugraha" <[EMAIL PROTECTED]>
>
> wrote:
> >
> > Akang-ceuceu.
> > Bilih aya nu peryogi ..
> >
> > Hatur lumayan.. koran PR dina basa Sunda. ;-)
> > http://tarjamah.sabilulungan.org/loka.php?article=http://www.pikiran-
> rakyat.com/cetak/
> >
> > Wassalaam,
> > Dian.
> >
>
>  
>

Kirim email ke