Diantawis sakola swasta, abdi apal sababaraha sakola anu janten langganan
juara pasanggiri Rampak Sekar LSS. Nyaeta SD/SMP/SMA Yayasan Atikan Sunda,
SD/SMP/SMA Mekar Arum, oge SD/SMP/SMA Pasundan.

Emutna antawis taun 1996-2000-an katingalna sakola-sakola ieu leubeut ku
kasundaan. Duka kumaha kaayeunakeunana wireh tos lami teu ngimeutan deui.

Salam,
Dian.

On 9/5/07, Oman Abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Hatur nuhun Kang
Dian, infona.

Tah geuningan geus ngamimitian "wani" naratas. Sugan wae, sakumaha kasauran
Kang Chaedar Al Wasilah (CAW) dina diskusi 10 poean ka tukang dina jejer
"Budaya Sunda jeung Etos Kerja", ka hareup aya oge sakola anu basa
panganteurna make basa Sunda. Boa-boa malah pausaahan koran PR anu rek
naratas eta sakola teh.

Nyakitu. "Salah sahiji syarat revitalisasi budaya teh kudu wani jadi
panaratas (pelopor), kudu wani beda, singgetna", saur Kang CAW. "Matak naon
di urang, di Jabar, deg wae adegkeun sakola anu basa panganteurna basa
Sunda", saurna deui. Kilangbara atuh di sakola2 umum mah, tapi, matak naon
upama Pamarentah...eh saha wae ketang ...nyieun sakola sarupa kitu geusan
miara basa indung tea.

Wilujeng.

baktos,
manAR

Kirim email ke