Kang Die, punten ngalereskeun judulna, kedahnamah "kinten-kintena".  

Muhun, rencana ieu teh ti abdi SMP keneh teu janten-janten, tapi saur pun bibi 
mah cios, taun 2010. 
Malihan mah pun Bapa (jenatna) tikapungkur tos taki-taki, pami cios hoyong 
ngalamar damel ka eta Bendungan susuganan aya nu kersa ngampihan pangsiunan nu 
rada ngartos kana widang elektronika...ari pek teh teu kaumuran...

Saleresnamah ti 20 taun kapengker tos dibalayar gentosna nu bade kakeueum teh, 
hiji conto Leuwi Hideung Darmaraja.
Duka kunaon, pamarentahna mendag mayong wae...jiganamah teu gaduheun cicis, 
seueur keneh uruskeueun nu sanesna panginten heheh...
Janten nu sapalihmah nembe dibayar ayeuna, benten pisan jumlah artos gentosna 
sareng nu tipayun/kapungkur (ya...iya lah....) 
Ningali dina koran & TiPi mah, nu tos dibayar kapungkur teh protes daremo.

Antosan we...
ro2


>>> [EMAIL PROTECTED] 09/18/07 07:58AM >>>

Baraya sadaya, manawi aya nu gaduh katerang langkung, kinteun2na bendungan 
Jatigede, janteun moal tah pangwangunanana, asa tos lami rencana ieu teh, 
sareung tos seueur artos nu kaluar.

Kirim email ke