Kang Kumi, keun bae atuh kumaha anu dibendo waelah........... uing ge lieur 
tapi kudu kumaha atuh da urang teh lain 'polesi meker' jeung deuih boa-boa eta 
geus pikir bulak-balik ku pangagung, terus geuning diantrana aya masyarakat anu 
taneuhna geus dibebaskeun tapi maranehna teu acan ninggalkeun tempatna kalayan 
duitna teuing kamana. Meureun masyarakat anu kawas kieu teu bisa pindah da teu 
boga duit deui atawa masyarakat anu teu boga pakaya pan eta ge kudu diuruskeun 
jigana jalan anu lantif iwal ti kudu migrasikeun ka Katim tea. 

Da geuining anu masih boga duit pamelian taneuhna tea mah biasa ngarelokasi 
pakayana ka desa anu teu jauh ti asalna, aya oge anu di relokasi ka Ujungjaya 
lembur kuring ayeuna, malah site plan perumahanana ge geus aya, tempatna di 
tanah kahutanan di blok Gordah kiduleun jalan raya. 

Sabenerna uing ge korban jatigede gan aya inisyatif pinda taun 76 bulan oktober 
asana mah, pindah ti Kampung Kebontiwu, ds Pawenang, kac Wado (baheula mah), ka 
Ujungjaya. Kabayangkeun deui harita teh usum halodo mentrang-mentring komo 
Ujungjaya dina mangsa harita teu kawas ayeuna jalan ge can diaspal, jalan 
aksesna teh anu bisa dipake mobil teh ngan ti Conggeang da ka Kadipaten mah 
masih make keneh gotrok, ka Cijelag mah beubeuleusekan keneh lamun usum hujan 
teh. Komo deui ka Cibuluh atawa ka Cikamurang mah kudu naik gotrok ti Gordah ka 
beh dieu nakeun ti Leuwi awi, terus ti Cikoang saacan jalanan mulus, lamun usum 
katiga bisa make angkutan padesaan mutur ngaliwat ka Modin atawa ka Antranaya 
(majalengka perbatasan). Lumayan ayeuna teu diudag-udag ku proyek Jatigede,  
tapi ke ke ke naha uing jadi miheulaan transmigran relokasi proyek Jatigede 
pindah ka Kalimantan nya? di dinya kakawasan Alloh teh meureun. 

Ka dulur-dulur anu ayeuna keur ripuh ku eta proyek kudu tenang jeung rasional, 
ngarah urang meunang hikmah tina ayana eta bendungan Jatigede tea, saha nu 
nyaho urang jadi ketua otoritas Jatigede anu kawasa kana eta patempatan, 
pariwisata, real estat, resevoir cai, pusat olah raga, pertanian, perikanan, 
pokona mah Jatigede engke bakal jadi kota mandiri, tapi kudu sabar 20 taun 
kahareup lamun perkembangan jamana stabil jeung linier jiga ayeuna. Tol Bdg - 
Crb, Jkt-Crb jeung SIAP (sunda international airport) Kertajati ngawujud leuwih 
ti heula.

wassalam, 

  ----- Original Message ----- 
  From: Die Cikiray 
  To: urangsunda@yahoogroups.com 
  Sent: Wednesday, September 19, 2007 9:34 AM
  Subject: Re: [Urang Sunda] Kinten-kintenna


  Tapi sakaterang abdi mah,seueur warga masyarakat nu bade ka keueum teh, 
ngalihna teh , masih di daerah desa tatanggi anu teu kakeueum, jadi pangaos 
tanah di daerah abdi oge melonjak , tapi da mentang2 seueur artos di paleser 
wae eta teh, (artos tunai, istilah di daerah abdi mah,) 
  kedahna upami pamarentah bade ngayakeun program Transmigrasi mah, kedah 
leures2 di sosialisasikan ka masyarakatna


  incir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
    Kang Dudi lan baraya...

    Kuring mah weleh bingung ngeunaan transmigrasi & relokasi teh. jalma ti 
peuntas daratang ka dieu, ari urang Sunda sorangan disina parindah cai. Kumaha 
nya? Naha geus beak lahan kitu di Tatar Sunda teh? Baheula asa kungsi ngadenge, 
korban konflik di luar jawa geuning bet direlokasi ka Cianjur Kidul (asana 
mah)... 


    On 9/18/07, dudi_ss <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
      Janten jigana mah Kang, kamari aya anggota DPRD anu ka dieu milarian 
tempat kanggo relokasi penduduk anu keuna ku eta proyek, tah wartosna aya dina 
website kabupaten Kukar, 
http://www.kutaikartanegarakab.go.id/?n=M0T6Q2w4M3ga=3=1a&r=b8m3V530c5w4=8=2a 






------------------------------------------------------------------------------
  Yahoo! Answers - Get better answers from someone who knows. Try it now.  

Kirim email ke