"Aya saha Kang Ndoell ?"  (curinghak)
  "Ohhh..aya nu geulis..."  bari ngagesek-gesek dampal leungeun nungguan Kang 
Ndoell sasalaman jeung eta wanoja.
  "Enggal atuh Kang meni lami sasalaman teh."

  "Nepangkeun Neng abdi Kebo..hehehehe...tapi ari naKTP mah nami abdi teh Mang 
Utas, bilih Neng teu percanten mah mangga we geura kodok ktp abdi tah na saku." 
bari nyenggengkeun bujur saeutik nembongkeun dompet lepet anu pinuh ku catetan 
bon.
  "Ohw...Arien nami Neng teh, duh sae namina payus sareng jalmina."
  "Kutan aya teureuh Tasik nya? kaleresan atuh abdi oge kapanan di Tasik, 
malihan urang Tasik Insya Allah engke bakal ngayakeun Kopdar Long 2007, kaping 
15 Oktober 2007, tempatna di bumi Teh Riska Cikanyere Pancasila Tasikmalaya."

  "Ohh..Kopdar Long teh maksadna Kop Dalahar sisi Balong, kaleresan kapanan aya 
balong jeung pangeusina.
  "Mangga atuh Neng diantos kasumpingana, kanggo ngetang gelas saha wae anu 
bade ngiring Kopdar Long millis Tasik mangga daftar ka dieu :
  : http://www.priangantimur.com/milistasiknew.php

  "hapuntena ka pa Kuncen eta sakantenan ngiring bewara kanggo Urang Tasik anu 
aya di Bakus."

  "Neng hayu atuh urang dipalih ditu calikna sareng abdi."

  baktos
  Kebo


  ----- Original Message ----- 
  From: ndoell 
  To: urangsunda@yahoogroups.com 
  Sent: Thursday, September 27, 2007 11:25 AM
  Subject: [Urang Sunda] Re: Nepangkeun


  Mangga Neng...
  (bari nyolongkrongkeun panangan pangheulana)

  wilujeng sumping dibabakan Kusnet. nepangkeun, abdi 
  Ndoell, pameget, kasep (nu yebatkeun abdi goreng pasti
  nu ngewa-eun ka abdi neng, hi hi).
  Kawit ti kuningan, ayeuna di Jakarta. ari sare mah,
  angger peureum. eh di bumi ketang...da ka bulan mah tebih.

  sing betah tumaninah..
  diantos atuh potona..
  nya ?

  heu heu

  -dul-
  tukangteuing

  --- In urangsunda@yahoogroups.com, "Arien Achyadibrata" 
  <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
  >
  > Puntenn...
  > Nepangkeun, abdi nembe ngiringan.
  > Nami : Arien Achyadibrata
  > Yuswa : 27
  > Status : single [pengumuman] hehe
  > Pituin : Bandung - Tasik
  > Lokasi : Jakarta
  > Profesi : Swasta
  > Halah meni lengkap nya.. Upami nomer sapatu sareng nomer bumi mah 
  > masih rusiah.. 
  > Hoyong kenalan sareng baraya sunda. Rupina sakitu we, katerangan 
  > salajengna mangga tingal majalah fauna edisi oktober.
  > 
  > Mangga ah.. Wassalam
  >



   

Kirim email ke