Nyuhun dihapunteun kasadaya.
 Abdi teh nembe diajar deui bahasa Sunda, janten abdi bade nyuhunkeun
dihapunteun upami salah nulis sareng ngejahna.
Abdi teh tos lami teuing mumara di Europa, jarang tiasa nyarios dina
basa sunda, kumaha da te aya nu tiasa diajak ngobrol.
isin2 ge dipaksakeun we da hoyong diajar deui. 
Dua taun deui abdi bade pangsiun, hoyong na mah mulang kalembur pun biang.
Da kumaha abdi mah tongki (entog jeung meri), pun biang urang sunda ti
Cikalong ciancur ai bapa penjajah.Abdi mah teu terang naon?
Enjing abdi bade ka Indonesia, bade nyobian moal nyarios bahasa
Indonesia. Bade nyarios bahasa Sunda salamina abdi di Indonesia
(bohong ketang, di Bandung ge tos sesah milari jalmi nu nyarios sunda).
Kumaha kenging abdi di ajar ka anjeun sadaya?Hatur nuhun 

John siBodo

Kirim email ke