Kang Syaiful mani rajin macaan surelek nu tos lami. Sae lah etang etang 
ngingetan urang sarerea, ulah bosen bosen silih ingetan perkawis nu penting 
sapertos nukieu.
Ke kapayun rahayat Indonesia tiasa sejahtera asal pamarentah daek jeung aya 
kahoyong kangge:

Tegakkan hukum
Berantas korupsi
Revisi peraturan perpajakan
Revisi peraturan gaji (penghasilan kotor)
Revisi peraturan expor impor

Di Eropa, pajak disesuaikeun jeung penghasilan kotor (lain gaji, tapi sagala 
rupa bentuk penghasilan nu asup ka loket urang, gaji + tunjangan + hasil usaha 
pribadi) Nu panghasilana gede, pajakna gede, tiasa langkung ti 50%, nu 
panghasilana leutik, tiasa 0%, nu teu boga panghasilan, dibere tunjangan 
pengangguran. Nu ngalanggar peraturan, nyogok pagawe pajak sangkan pajakna 
dileutikkeun, dipenjara, boh pagawe pajakna boh nudipajakna. 
Panghasilan minimum keur ongkos hirup bener bener pas saongkoseun hirup keur 
kulawargana, moal kalaparan. Beda jeung di Indonesia, penghasilan minimum tekor 
keneh, boro boro keur kulawargana (anak anakna) cacakan keur dirina wae kurang.
Lamun nagara deungeun hayang ngajual produkna (Impor), manehna kudu meuli 
barang urang (impor) atawa pokona aya hal hal anu nguntungkeun urang. Lain ieu 
mah impor teh ngan ukur impor, peun, asal nguntungkeun importir wungkul, teu 
mikirkeun nasional. Sok mangga etang jumlah mobil nu dianggo ku rayahat 
Indonesia, kabeh impor. Tepikeun ka ayeuna, can aya mobil buatan Indonesia 
100%. Bandingkeun jeung Malaysia nu geus bisa nyieun Proton Saga. Lain teu bisa 
bangsa urang nyieun mobil, ngan negosiator pamarentah nu  gagal, politik expor 
imporna gagal.
Tos heula ah bilih ngacaprukna jauh teuing.

Kang Trias


Administrasi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:          
st1\:*{behavior:url(#default#ieooui) }           Ohh kitu caritana 
Bpk.Santosa!enaaak pisannya jadi warga Negara spanyolmah?Irahatah Negara 
Indonesia ekawas kitu?
  Hatur nuhunnya kang
   
  Rgrds,
   
  Syaiful
  
  
 
       
---------------------------------
Boardwalk for $500? In 2007? Ha! 
Play Monopoly Here and Now (it's updated for today's economy) at Yahoo! Games.

Kirim email ke