Wah di Cianjur mah langkung seurieus nya. Jeung ajenganana. Jaba ku tangkal
kawung. Siga pisan meriam atuh. 

Lodong di lembur mah harita sadayana ge ku awi gombong. Awi nu
pangkuatna/badag ukuranana.

  _____  

From: urangsunda@yahoogroups.com [mailto:[EMAIL PROTECTED] On
Behalf Of Naufal Fajar Gumati
Sent: Monday, October 22, 2007 4:36 PM
To: urangsunda@yahoogroups.com
Subject: Re: [Urang Sunda] Siit Uncuwing - Lodong Karbit

 

Bedil Lodong aya keneh Mang, malih di daerah Cianjur anu ngawates sareng
Sukabumi (Kp. Cibanteng/Sukamukti Desa Karyamukti, Kec Campaka - Cianjur)
mah anu ngokojoanana teh Ajenganana. Bahan Lodongna tina tangkal kawung anu
geus kolot pisan, diameterna kira2 0.5 meter, panjang 5 - 6 meter. Kawung
meunang nuar dibeulah, terus eusina (hatena) di kerok diberesihan, sanggeus
kosong, eta kawung dirapetkeun deui, dipaseuk supaya rekep pisan. Terus di
garotong di bawa kaluhur pasir (biasana di pasang di puncak pasir pogor
luhureun lembur cibanteng). Ba'da saur eta lodong teh di sundut, sakali
nyundut, karbit nu diasupkeun teu kurang ti sakilo. Sorana ? wah...
ngageleger ... imah anu jarakna kurang ti 100 meter mah beak kaca jeung
kentengna pareupeus... tapi da sok digantian / dibere parurugi ku ajengan.
Manjang eta teh salila bulan Puasa, namatkeun maleman takbir, malah sok aya
perang lodong sagala, patarik2 jeung lembur 

Kirim email ke