Ih ... da muhun atuh Kang Trias, bahaya pisan, malih anu ngangge awi gombong
oge aya kajantenan anu kagebos ku seuneuna dugi ka seep halis, bulu soca,
rambut bagian payun. Gara-garana, pas lodongna ngabelekbek (teu disada) ku
rerencangan teh di toong, na ari gebos teh kaluar seuneu tina tungtungna,
atuh mani walahwah-weuleuhweuh...da mastakana kahuru... Komo anu ku kawung
mah, nyeungeutna ngangge gagang awi aya kana tilu meterna, teu wantuneun
caket-caket, cepil ditutupan / dicocokan. Pami teu kitu, wah matak bonge ...

On 10/22/07, trias santosa <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>    Euleuh... bedil lodong teh bahaya atuh nya, tiasa meupeuskeun kenteng
> sagala. lamun kenteng bisa peupeus komo deui mun jalma nu dekeut lodong.
> Mun bener tea mah bahaya, jeung sok sanajan kitu, sae oge dilestarikeun,
> da ieu mah budaya, ngan sigana kedah dipasang rambu rambu peraturan, misalna
> bae nu nyeungeut lodong kudu boga seripikat atawa SIM-L, Surat Ijin Menyulut
> Lodong (asal tong jadi lahan bisnis pulisi, estuning keur kasalametan urang)
>
> TS
>
>
> *mj <[EMAIL PROTECTED]>* wrote:
>
>    Wah di Cianjur mah langkung seurieus nya. Jeung ajenganana. Jaba ku
> tangkal kawung. Siga pisan meriam atuh.
> Lodong di lembur mah harita sadayana ge ku awi gombong. Awi nu
> pangkuatna/badag ukuranana.
>  ------------------------------
>  *From:* urangsunda@yahoogroups.com [mailto:[EMAIL PROTECTED] *On
> Behalf Of *Naufal Fajar Gumati
> *Sent:* Monday, October 22, 2007 4:36 PM
> *To:* urangsunda@yahoogroups.com
> *Subject:* Re: [Urang Sunda] Siit Uncuwing - Lodong Karbit
>  Bedil Lodong aya keneh Mang, malih di daerah Cianjur anu ngawates sareng
> Sukabumi (Kp. Cibanteng/Sukamukti Desa Karyamukti, Kec Campaka - Cianjur)
> mah anu ngokojoanana teh Ajenganana. Bahan Lodongna tina tangkal kawung anu
> geus kolot pisan, diameterna kira2 0.5 meter, panjang 5 - 6 meter. Kawung
> meunang nuar dibeulah, terus eusina (hatena) di kerok diberesihan, sanggeus
> kosong, eta kawung dirapetkeun deui, dipaseuk supaya rekep pisan. Terus di
> garotong di bawa kaluhur pasir (biasana di pasang di puncak pasir pogor
> luhureun lembur cibanteng). Ba'da saur eta lodong teh di sundut, sakali
> nyundut, karbit nu diasupkeun teu kurang ti sakilo. Sorana ? wah...
> ngageleger ... imah anu jarakna kurang ti 100 meter mah beak kaca jeung
> kentengna pareupeus... tapi da sok digantian / dibere parurugi ku ajengan.
> Manjang eta teh salila bulan Puasa, namatkeun maleman takbir, malah sok aya
> perang lodong sagala, patarik2 jeung lembur
>
>
> __________________________________________________
> Do You Yahoo!?
> Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
> http://mail.yahoo.com
>
> 
>

Kirim email ke