Tepang deui baraya... :)

Euleuh...euleuh...urang Cianjur mah mani diniatan ngadamel Lodong Karbit teh 
nya? 
Dugi ka Mama Ajengan ngiring "ancrub" ngokojoan...paingan atuh urang Cianjur 
sok dituding wae teroris... 
boa2 pedah sok ngarome lodong karbit.. (bari sasalaman da Boboran keneh, sieun 
ngarambek...heheh...)
Punten Kang Fajar & baraya, sanes kunanaon bilih kumaraha onam, geuning tos 
seueur nu ngalaman kahebos,katorekan dugi kapiuhanana.
Kumaha pami ninggang di jalmi nu gaduh panyawat jantungan? wah, eta mah... 
maotna sanes bobodoan...

ro2

From: urangsunda@yahoogroups.com [mailto:[EMAIL PROTECTED] On Behalf Of Naufal 
Fajar Gumati
Sent: Monday, October 22, 2007 4:36 PM
To: urangsunda@yahoogroups.com
Subject: Re: [Urang Sunda] Siit Uncuwing - Lodong Karbit


Bedil Lodong aya keneh Mang, malih di daerah Cianjur anu ngawates sareng 
Sukabumi (Kp. Cibanteng/Sukamukti Desa Karyamukti, Kec Campaka - Cianjur) mah 
anu ngokojoanana teh Ajenganana. Bahan Lodongna tina tangkal kawung anu geus 
kolot pisan, diameterna kira2 0.5 meter, panjang 5 - 6 meter. Kawung meunang 
nuar dibeulah, terus eusina (hatena) di kerok diberesihan, sanggeus kosong, eta 
kawung dirapetkeun deui, dipaseuk supaya rekep pisan. Terus di garotong di bawa 
kaluhur pasir (biasana di pasang di puncak pasir pogor luhureun lembur 
cibanteng). Ba'da saur eta lodong teh di sundut, sakali nyundut, karbit nu 
diasupkeun teu kurang ti sakilo. Sorana ? wah... ngageleger ... imah anu 
jarakna kurang ti 100 meter mah beak kaca jeung kentengna pareupeus... tapi da 
sok digantian / dibere parurugi ku ajengan. Manjang eta teh salila bulan Puasa, 
namatkeun maleman takbir, malah sok aya perang lodong sagala, patarik2 jeung 
lembur 

Kirim email ke