kenging atuh, teu aya nu ngalarang diajar bahasa mah, asal kersa wae diajarna, 
hayu atuh sasarengan diajar, da abdi ge bari diajar nyarios nu sae sareng leres 
teh
   
  Salam
   
  LiesA
  di Bandung

pinterpisan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
          Nyuhun dihapunteun kasadaya.
Abdi teh nembe diajar deui bahasa Sunda, janten abdi bade nyuhunkeun
dihapunteun upami salah nulis sareng ngejahna.
Abdi teh tos lami teuing mumara di Europa, jarang tiasa nyarios dina
basa sunda, kumaha da te aya nu tiasa diajak ngobrol.
isin2 ge dipaksakeun we da hoyong diajar deui. 
Dua taun deui abdi bade pangsiun, hoyong na mah mulang kalembur pun biang.
Da kumaha abdi mah tongki (entog jeung meri), pun biang urang sunda ti
Cikalong ciancur ai bapa penjajah.Abdi mah teu terang naon?
Enjing abdi bade ka Indonesia, bade nyobian moal nyarios bahasa
Indonesia. Bade nyarios bahasa Sunda salamina abdi di Indonesia
(bohong ketang, di Bandung ge tos sesah milari jalmi nu nyarios sunda).
Kumaha kenging abdi di ajar ka anjeun sadaya?Hatur nuhun 

John siBodo



                         

 __________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 

Kirim email ke