haturan baraya..punten ngiring nimbrung.

Jigana geus jadi adat kakurung ku iga, lamun urang "berkendaraan" dijalan make 
kandaraan anu leuwih hade atawa leuwih gede, geus bisa ditebak anu mamake 
kandaraan hade atawa mewah mah asa "Pang Aingna" di jalan mah. paduli batur 
ngagurudug kana trotoar, anu penting mah kandaraan aing leuwih hade tur leuwih 
badag ti batur, jigana kitu tah.

Balukarna anu leutik anu jadi korban, untung teu sampe ti gebrus kana susukan 
oge. Walhasil si Korban meunang kareureuwas anu teu aya dikieuna, akhirna 
ngadu'akeun goreng kanu rek nyilakakeunana..saha cikan nu rugi?

Cek kuring mah anu teu apal, geus lah samodel geng-gengan kandaraan kitu teh 
"pupus" montong aya di urang, kabayang teu gengster2 Tionghoa anu sok diputer 
na film-film..kapanan matak muringkak bulu punduk, da nyawa jalma oge teu aya 
hargaan.

Du'a ti kuring mah keur oknum-oknum geng2 kandaraan anu geus "nganyenyeri" 
pangandara anu sejen. 
Mudah-mudahan maranehna sing dibukakeun hatena
Sing dibere rasa hanjakal anu banget
Melak cabe jadi cabe
Melak bonteng jadi bonteng
Sing karasaeun ku maranehna sorangan

baktos
Kebo
Nu sok dititiah minggir mun aya konpoy anu kitu patut


  ----- Original Message ----- 
  From: Gan Lesmana 
  To: urangsunda@yahoogroups.com 
  Sent: Monday, October 29, 2007 11:15 AM
  Subject: Re: [Urang Sunda] Harley Davidson = arogan di jalan!



  Kang Irpan ......


  Manawi tiasa ditambihan ........

  Saleresna eta teh salah sahiji conto dina sababaraha hiji kajantenan anu 
sami. Malihan mah sanes ti pihak HD wungkul anu sapertos kitu teh, tapi ampir 
sadayana anu sok nganggo MODAG (motor badag) alias MOGE (moter gede) boh anu 
nga-group atanapi nu sewang-sewangan kalakuanana berkendara teh emang sapertos 
kitu ........ Tah sok kedah kumaha ........!?



  Mangga ka baraya di KUSNET mugi-mugi aya saha nu terang aya nu janten pulisi 
atanapi DLLAJR ...!? Nyuhunkeun pituduhna.



  Wass,

  GL

   




  ----- Pesan Asli ----
  Dari: irpan rispandi <[EMAIL PROTECTED]>
  Kepada: urangsunda@yahoogroups.com
  Terkirim: Senin, 29 Oktober, 2007 12:02:07
  Topik: [Urang Sunda] Harley Davidson = arogan di jalan!


  dina email ieu kuring rek nyaritakeun katugeunah ka gorombolan Harley 
Davidson (HD), oge hayang ngomong sinis ka pulisi BM anu bisa disewa(?) ku HD, 
melakukan tugasnya membuka jalan. siga awewe panti pijat anu bisa di *** asal 
dibayar. 

  caritana  kamari basa kuring balik ti HBH kiara payung, kuring balik deui ka 
jakarta kana motor. tadina bareng jeung Runa. tapi  kuring katinggaleun, 
he..he..he.. . motor suprafit kuring eleh lumpat ku suzuki smashna runa. 
  kuring jeung runa kapisah ti bandung keneh.

  di jalan cimahi padalarang, jalanan cukup lancar najan kandaraan loba oge di 
jalan. keur tenang-tenang, kadenge sora sirineu, terus aya motor pulisi BM dua 
manehna nyalip.  
  anu terlintas dina pikir kuring harita, pasti rombongan pejabat ngaliwat. nya 
kuring teh rada nyisi mere jalan. najan hate mah kukulutus, euh dasar pejabat, 
sanajan pelesiran oge tetep we hayang ngeunah dijalan make jeung sok reresmian 
sagala, dikawal BM. 

  ari pucunghul teh motor HD hiji, barang ningali anu ngaliwat teh motor HD 
lain mobil pejabat, nyel teh kuring jadi keuheul. setan alas ceuk dina hate 
teh, emang lu siapa make jeung hayang diprioritaskeun di jalan. emang sia nu 
boga jalan teh. tapi angger dina hate. henteu ari pok mah. 
  ngan motor kuring dikatengahkeun teu mere jalan ka motor HD anu kadua.
  ari pek teh leungeun kuring di tepak, ku pengendara HD eta, teuing ngomong 
naon teu jelas. ah kuring cuek we, ngajalankeun motor di tengah. kabeneran 
dihareup aya angkot,atuh kuring ka kanan nyiap eta angkot.   
  maneh oge sarua rahayat, naha make hayang diistimewakeun di jalan, kitu 
maksud kuring ngahalangan motor HD teh.
  di tukang kadenge eta pengendara HD teh hahaok,
  he..he..he..

  nepi ka lampu merah padalarang, lampu beureum hurung, atuh daek teu daek 
kuring eureun. 
  euleuh euleuh, eta gorombolan HD teu boga kaera, manehna nyokot jalan kanan, 
lampu merah di liwatan. 
  beuki we hate teh panas. emang lu siapa !!! 

  lampu hejo hurung, kuring ngagas motor nyusul gorombolan tea. kabeneran di 
hareup rada macet. 
  kasusul terus siga tadi deui kuring ngajalankeun motor di tengah ngahalangan. 
pengendara kadua anu tadi nepak leungeun tea ngomong, ayeuna mah kadenge 
sapotong sapotong. diantarana " bahaya buat kamu, kamu  bisa celaka", "kamu mau 
gabung sama rider kamu?' . 
  bari tetep ngajalankeun motor di tengah kuring muka kaca helm, ngalieuk ka 
pengendara tea, lalaki geus aya umuran kumisan, tapi make kacamata hideung. 
ceuk kuring "kalau mau nyalip silahkan". 
  manehna ngotot "minggir gak, saya hitung sampai tiga".. 
  wah manehna mulai keras yeuh, tadina kuring tetep di tengah, tapi dipikir 
deui, lamun papanjangan kuring tangtu eleh. manehna pasti boga duit pikeun 
nyogok pulisi, hakim, jaksa, jst.
  ahirna bari hate mah angger kesel kuring rada nyisi, 

  sanajan geus nyisi, aya pengendara motor ka opat mepet motor kuring, kuring 
rada nyisi deui, tetep mepet, atuh reg kuring eureun, manehna ngalieuk ka 
kuring, "aing meunang" kitu meureun ceuk pikirna. he..he..he.. . 

  teu lila pulisi BM anu pang tukangna ngadeukeutan, tiditunamah ngupahan ka 
kuring meureun. sanggeus pulisi ngadeukeutan mah kuring teu daek deui siga 
tadi, da bisi pulisina anu jadi jengkel. kuring jadi repot engke. :) 

  insiden eta teh kajadianna di daerah padalarang. bari jalan, kuring kapikiran 
nyokot jalur jonggol, lamun puncak mah macet, bisi gorombolan anu tadi kasusul 
deui ku kuring, bisi kuring keuheul deui kamaranehna, tungtungna kuring keneh 
anu rugi, da maranehnamah bisa meuli hukum. 
  ahirna kuring mutuskeun nyokot jalur jonggol.


  keur mah ti baheula kuring teh teu resep ka konvoi HD anu asa pang hebatna, 
nepi ka bisa nitah pulisi BM pangmukakeun jalan.
  lampu merah dilanggar, macet teu daek antri, dsb. 
  na matak naon lamun sarua jeung pengendara sejen, waktuna macet nya ngilu 
antri, jsb, da maneh oge sarua pamake jalan, rahayat biasa. mun kitu maraneh 
teh duta besar negara sejen, kaharti.

  emang, maraneh teh loba duit, osok ngayakeun bakti sosial, dsb. ok palebah 
dinya kuring ngacungkeun jempol. tapi cik atuh ulah menyakiti hati orang lain 
sesama pengguna jalan. ulah asa pang na dijalan. 

  btw, manehna arogan teh lamun konvoi, loba baturna, lamun sorangan mah tara 
wanieun kikituan teh. Sakapeung di kemang jakarta, kuring oge sok manggihan 
pengendara HD sorangan, angger we lamun aya lampu merah mah eureun.. 
he..he..he.. 
  jadi pengendara HD mah wanina koroyokan, lamun loba baturna jeung aya beking 
pulisi. lamun sorangan mah ngulapes.

  kuring jadi bisa agul, he..he..he.. kuring mah sorangan ti bandung ka 
jakarta, tapi teu sieun ku gorombolan HD anu motorna garede, awakna garede, 
tapi leutik burih. 

  astagfirullah, teu meunang takabur jang..... 



  .
   
  _,_._,___ 



------------------------------------------------------------------------------
  Kunjungi halaman depan Yahoo! Indonesia yang baru!

   

Kirim email ke