Rada kirang tepat ieuh..anu disebat raja jalanan..teh
praktisna siga kieu, sanes kulantaran kandaraanna
awis..tapi ngaraos aya deking sareng kuat dina jalur
pangbelaan hukum...

1. Kandaraan umum sapertos Bus umum, Bus Kota, zzMetro
Mini, Kopja, Kowanbisata mun di Jakarta mah. Eta motor
mah kawas rek dilegleg..dipepet nepi ka muncrat kana
trotoar. Kitu deui sedan alus atanapi goreng..disered
kudu ngelehan. kandaraan umum gede ieu mah teu sieun
codet..mengkol ngadadak..nembus 2-3 jalur...sok tangpa
richting..ngan kenek adu gogorowokan...Motor jeung
mobil ngelehan.

2.Kumpulan motor leutik ..dina kapadatan lalu lintas
kana mobil..naon wae mahal murah. Mobil kulantaran
sieun codet jeung sieun nabrak motor ngelehan..tibaan
digebugan...

3.Kumpulam MOGE. tah didieu aya HDSI (kumpulan
pangkolotna). Anggota profesional/hobby sagala taun
HD, aya panyuluhan sopan santun lalu lintas jeung
sikap di masyarakat. Umumna tara make Vorijder sewaan
(Pulisi).

4. Kumpulan Moge Owner amatir, umum lain HD wae,
campur merek sejan , sapertos HDOC (Harley Davidson
Owner Club), tah didieu seueuer nu sipait jeung
gegeden hejo/coklat/khaki. pasti make Vorijder Pulisi.
manehna wani kulatran ngarasa boga kakawasaan jeung
duit. maju tak gentar kulanaran geus mayar, ari
Pulisina maju tak gentar membela yang bayar jeung Bos
/babturan bos.

Tah ieu rombongan SIGANA teu sieun kusasaha jeung teu
sieun ku paraturan da maranehna anu ntyekel paraturan
tea.

Dina kasus anu kaalaman ku Kang Irpan...ceuk abdi mah
anu arogan teh..eta anu ngaluarkeun aturan kengeng
nganggo Vorijder keur Moge alesan kasalametan.
maanehna teu ngarasa arogan..da nggeus mayar..malah
sigana keuheul...nggeus mayar sah..masih keneh aya anu
ngahalangan...Ah timana mimitina ieu
ngabereskeun...prevelege Moge ieu teh...

--- Kebo Hideung <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> haturan baraya..punten ngiring nimbrung.
> 
> Jigana geus jadi adat kakurung ku iga, lamun urang
> "berkendaraan" dijalan make kandaraan anu leuwih
> hade atawa leuwih gede, geus bisa ditebak anu mamake
> kandaraan hade atawa mewah mah asa "Pang Aingna" di
> jalan mah. paduli batur ngagurudug kana trotoar, anu
> penting mah kandaraan aing leuwih hade tur leuwih
> badag ti batur, jigana kitu tah.
> 
> Balukarna anu leutik anu jadi korban, untung teu
> sampe ti gebrus kana susukan oge. Walhasil si Korban
> meunang kareureuwas anu teu aya dikieuna, akhirna
> ngadu'akeun goreng kanu rek nyilakakeunana..saha
> cikan nu rugi?
> 
> Cek kuring mah anu teu apal, geus lah samodel
> geng-gengan kandaraan kitu teh "pupus" montong aya
> di urang, kabayang teu gengster2 Tionghoa anu sok
> diputer na film-film..kapanan matak muringkak bulu
> punduk, da nyawa jalma oge teu aya hargaan.
> 
> Du'a ti kuring mah keur oknum-oknum geng2 kandaraan
> anu geus "nganyenyeri" pangandara anu sejen. 
> Mudah-mudahan maranehna sing dibukakeun hatena
> Sing dibere rasa hanjakal anu banget
> Melak cabe jadi cabe
> Melak bonteng jadi bonteng
> Sing karasaeun ku maranehna sorangan
> 
> baktos
> Kebo
> Nu sok dititiah minggir mun aya konpoy anu kitu
> patut
> 
> 
>   ----- Original Message ----- 
>   From: Gan Lesmana 
>   To: urangsunda@yahoogroups.com 
>   Sent: Monday, October 29, 2007 11:15 AM
>   Subject: Re: [Urang Sunda] Harley Davidson =
> arogan di jalan!
> 
> 
> 
>   Kang Irpan ......
> 
> 
>   Manawi tiasa ditambihan ........
> 
>   Saleresna eta teh salah sahiji conto dina
> sababaraha hiji kajantenan anu sami. Malihan mah
> sanes ti pihak HD wungkul anu sapertos kitu teh,
> tapi ampir sadayana anu sok nganggo MODAG (motor
> badag) alias MOGE (moter gede) boh anu nga-group
> atanapi nu sewang-sewangan kalakuanana berkendara
> teh emang sapertos kitu ........ Tah sok kedah
> kumaha ........!?
> 
> 
> 
>   Mangga ka baraya di KUSNET mugi-mugi aya saha nu
> terang aya nu janten pulisi atanapi DLLAJR ...!?
> Nyuhunkeun pituduhna.
> 
> 
> 
>   Wass,
> 
>   GL
> 
>    
> 
> 
> 
> 
>   ----- Pesan Asli ----
>   Dari: irpan rispandi <[EMAIL PROTECTED]>
>   Kepada: urangsunda@yahoogroups.com
>   Terkirim: Senin, 29 Oktober, 2007 12:02:07
>   Topik: [Urang Sunda] Harley Davidson = arogan di
> jalan!
> 
> 
>   dina email ieu kuring rek nyaritakeun katugeunah
> ka gorombolan Harley Davidson (HD), oge hayang
> ngomong sinis ka pulisi BM anu bisa disewa(?) ku HD,
> melakukan tugasnya membuka jalan. siga awewe panti
> pijat anu bisa di *** asal dibayar. 
> 
>   caritana  kamari basa kuring balik ti HBH kiara
> payung, kuring balik deui ka jakarta kana motor.
> tadina bareng jeung Runa. tapi  kuring katinggaleun,
> he..he..he.. . motor suprafit kuring eleh lumpat ku
> suzuki smashna runa. 
>   kuring jeung runa kapisah ti bandung keneh.
> 
>   di jalan cimahi padalarang, jalanan cukup lancar
> najan kandaraan loba oge di jalan. keur
> tenang-tenang, kadenge sora sirineu, terus aya motor
> pulisi BM dua manehna nyalip.  
>   anu terlintas dina pikir kuring harita, pasti
> rombongan pejabat ngaliwat. nya kuring teh rada
> nyisi mere jalan. najan hate mah kukulutus, euh
> dasar pejabat, sanajan pelesiran oge tetep we hayang
> ngeunah dijalan make jeung sok reresmian sagala,
> dikawal BM. 
> 
>   ari pucunghul teh motor HD hiji, barang ningali
> anu ngaliwat teh motor HD lain mobil pejabat, nyel
> teh kuring jadi keuheul. setan alas ceuk dina hate
> teh, emang lu siapa make jeung hayang
> diprioritaskeun di jalan. emang sia nu boga jalan
> teh. tapi angger dina hate. henteu ari pok mah. 
>   ngan motor kuring dikatengahkeun teu mere jalan ka
> motor HD anu kadua.
>   ari pek teh leungeun kuring di tepak, ku
> pengendara HD eta, teuing ngomong naon teu jelas. ah
> kuring cuek we, ngajalankeun motor di tengah.
> kabeneran dihareup aya angkot,atuh kuring ka kanan
> nyiap eta angkot.   
>   maneh oge sarua rahayat, naha make hayang
> diistimewakeun di jalan, kitu maksud kuring
> ngahalangan motor HD teh.
>   di tukang kadenge eta pengendara HD teh hahaok,
>   he..he..he..
> 
>   nepi ka lampu merah padalarang, lampu beureum
> hurung, atuh daek teu daek kuring eureun. 
>   euleuh euleuh, eta gorombolan HD teu boga kaera,
> manehna nyokot jalan kanan, lampu merah di liwatan. 
>   beuki we hate teh panas. emang lu siapa !!! 
> 
>   lampu hejo hurung, kuring ngagas motor nyusul
> gorombolan tea. kabeneran di hareup rada macet. 
>   kasusul terus siga tadi deui kuring ngajalankeun
> motor di tengah ngahalangan. pengendara kadua anu
> tadi nepak leungeun tea ngomong, ayeuna mah kadenge
> sapotong sapotong. diantarana " bahaya buat kamu,
> kamu  bisa celaka", "kamu mau gabung sama rider
> kamu?' . 
>   bari tetep ngajalankeun motor di tengah kuring
> muka kaca helm, ngalieuk ka pengendara tea, lalaki
> geus aya umuran kumisan, tapi make kacamata hideung.
> ceuk kuring "kalau mau nyalip silahkan". 
>   manehna ngotot "minggir gak, saya hitung sampai
> tiga".. 
>   wah manehna mulai keras yeuh, tadina kuring tetep
> di tengah, tapi dipikir deui, lamun papanjangan
> kuring tangtu eleh. manehna pasti boga duit pikeun
> nyogok pulisi, hakim, jaksa, jst.
>   ahirna bari hate mah angger kesel kuring rada
> nyisi, 
> 
>   sanajan geus nyisi, aya pengendara motor ka opat
> mepet motor kuring, kuring rada nyisi deui, tetep
> mepet, atuh reg kuring eureun, manehna ngalieuk ka
> kuring, "aing meunang" kitu meureun ceuk pikirna.
> he..he..he.. . 
> 
>   teu lila pulisi BM anu pang tukangna ngadeukeutan,
> tiditunamah ngupahan ka kuring meureun. sanggeus
> pulisi ngadeukeutan mah kuring teu daek deui siga
> tadi, da bisi pulisina anu jadi jengkel. kuring jadi
> repot engke. :) 
> 
>   insiden eta teh kajadianna di daerah padalarang.
> bari jalan, kuring kapikiran nyokot jalur jonggol,
> lamun puncak mah macet, bisi gorombolan anu tadi
> kasusul deui ku kuring, bisi kuring keuheul deui
> kamaranehna, tungtungna kuring keneh anu rugi, da
> maranehnamah bisa meuli hukum. 
>   ahirna kuring mutuskeun nyokot jalur jonggol.
> 
> 
>   keur mah ti baheula kuring teh teu resep ka konvoi
> HD anu asa pang hebatna, nepi ka bisa nitah pulisi
> BM pangmukakeun jalan.
>   lampu merah dilanggar, macet teu daek antri, dsb. 
>   na matak naon lamun sarua jeung pengendara sejen,
> waktuna macet nya ngilu antri, jsb, da maneh oge
> sarua pamake jalan, rahayat biasa. mun kitu maraneh
> teh duta besar negara sejen, kaharti.
> 
>   emang, maraneh teh loba duit, osok ngayakeun bakti
> sosial, dsb. ok palebah dinya kuring ngacungkeun
> jempol. tapi cik atuh ulah menyakiti hati orang lain
> sesama pengguna jalan. ulah asa pang na dijalan. 
> 
>   btw, manehna arogan teh lamun konvoi, loba
> baturna, lamun sorangan mah tara wanieun kikituan
> teh. Sakapeung di kemang jakarta, kuring oge sok
> manggihan pengendara HD sorangan, angger we lamun
> aya lampu merah mah eureun.. he..he..he.. 
>   jadi pengendara HD mah wanina koroyokan, lamun
> loba baturna jeung aya beking pulisi. lamun sorangan
> mah ngulapes.
> 
>   kuring jadi bisa agul, he..he..he.. kuring mah
> sorangan ti bandung ka jakarta, tapi teu sieun ku
> gorombolan HD anu motorna garede, awakna garede,
> tapi 
=== message truncated ===


__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 

Kirim email ke