MUNDING

 

Beres jumaahan di masjid desa, ajengan mulang dituturkeun ku santrina. Sabot
leumpang aya nu murag kana sorban ajengan, sigana tai manuk. Santri nu
ningalieun nyarita ka ajengan.

"Ajengan, eta aya tai manuk dina sorban."

Ajengan muka sorbanna, terus dikeprukeun, bari nyarita, "Alhamdulillah."

Santri kaget, "Naha nyebat alhamdulillah?"

Ajengan keom, "Enya, alhamdulillah, Alloh Maha Welas Asih. Anjeuna
nyiptakeun nu bisa ngapung teh sabangsaning manuk nu leutik. Kumaha mun nu
bisa ngapung teh munding?"

Santri gogodeg. Terus ngabirigidig ngabayangkeun mun munding bisa ngapung
terus ee...

 

Kirim email ke