hehehhe..kabayang Kang MJ mun seug kuring bisa ngapung, teras ee...  jigana 
dijomantara teh katingal ngabarasat umyang koneng ha.ha.ha.ha....

Kebo Hideung

  ----- Original Message ----- 
  From: mj 
  To: urangsunda@yahoogroups.com 
  Sent: Tuesday, October 30, 2007 5:40 PM
  Subject: [Urang Sunda] (4S) MuNDing



  MUNDING



  Beres jumaahan di masjid desa, ajengan mulang dituturkeun ku santrina. Sabot 
leumpang aya nu murag kana sorban ajengan, sigana tai manuk. Santri nu 
ningalieun nyarita ka ajengan.

  "Ajengan, eta aya tai manuk dina sorban."

  Ajengan muka sorbanna, terus dikeprukeun, bari nyarita, "Alhamdulillah."

  Santri kaget, "Naha nyebat alhamdulillah?"

  Ajengan keom, "Enya, alhamdulillah, Alloh Maha Welas Asih. Anjeuna nyiptakeun 
nu bisa ngapung teh sabangsaning manuk nu leutik. Kumaha mun nu bisa ngapung 
teh munding?"

  Santri gogodeg. Terus ngabirigidig ngabayangkeun mun munding bisa ngapung 
terus ee...




   

Kirim email ke