Urang sambungkeun deui,perkara ngahuripkeun
perekonomian rahayat.
Upama urang ngengetan warta di televisi, dina mangsa
bulan puasa, sok rame geuning ku acara buka puasa
bersama. Ampir tiap instansi pamarentah (jeung swasta)
ngayakeun acara bukapuasa bersama, bari jeung
nyantunan barudak yatim. Acara bukapuasa ieu teh
biasana soak diayakeun di kantor atawa di hotel.
Pastina oge ngaluarkeun waragad anu teu saeutik.
Enya budak yatim bisa balakecrakan, ngadahar kadaharan
anu kaitung cukup mewah. Nya kitu oge di unggal
masigit sok aya acara buka puasa.

Tapi asana teh can pernah kabejakeun , dina acara buka
puasa teh, nyantunan ka para budak yatim atawa tukang
asongan, loper koran, sangkan usahana beuki mucekil,
ku cara dibere modal. timana modalna? Nya tina
sabagean anggaran pikeun buka puasa tea. Jadi buka
puasana teu pati mewah teuing, danana dipindahkeun
pikeun usaha budak yatim, padagang asongan. tah engke
puasa taun hareup diayakeun bukapuasa deui, kalayan
dievaluasi, kumaha ningkatkeun usaha, tadina tukang
asongan, jadi juagan asongan, jrrd.
Ceuk kuring mah,lebaran teh bisa jadi hiji momen, anu
heunteu ngan meresihan diri (fitri) tapi oge
ningkatkeun kaimanan jeung ningkatkeun kahirupan
perekonomian rahayat.

baktos,

mrachmat uidipura


--- surtiwa surtiwa <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Tah kapendak rusiahna..yen seueur masyarakat anu
> kabagian rejeki tina kagiatan jalmi anu tersier
> atawa
> kwarter..ulin/jalan2/balanja...Kunaon tah si letter
> B
> teh hoyong meser brownies Kukus di bandng ? Di
> jakarta
> oge seueur agnne ! Kunaon hoyong Batagor
> Ririe/Kingsley, di Jakarta oge aya nu raos ! Kunaon
> daharna kudu di cafe di Bandung..di Jakarta oge cafe
> mah ceuyah ! Tah nyaeta tea BARI ULIN..ngurangan
> stress cenah..tapi jadi kahirupan keur rahayat
> padagang di Bandung..sewaan kuda di
> Cisangkuy...pusat
> kueh di Kemuning..Bawean....sekitar
> setiabudi..Cihampelas...pokona macet cet korban
> jelema
> ulin.
> 
> Nah kumaha lamun jelema leter b diajarkeun kudu
> pragmatis..cicing diimah tong kaluar mun teu perlu2
> teuing ! Nginum cai bodas mah diimah we, teu kudu di
> cafe bandung....Wah ari kieu mah "counter
> productive"
> karunya padagang Bandung...ekonomi rakyat pan kudu
> jalan..Cross subsidy social lah...
> Sabaraha rebu lier bensin urang leter b ka bandung
> Saptu jeung Minggu ? keur kukurilingan hungkul !!!
>

__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 

Kirim email ke