Cenah Bandung teh Paris van Java, sedengkeun Paris teh kota wisata. Bandung 
ayeuna mah hese ari kudu nyaruaan Paris mah. Ngan kudu we atuh boga kahayang 
diarahkeun atawa saeutikna nyonto kota Paris, pamohalan ari rek nyusul mah. 
Sabenerna mah urang teh kudu era, ngaku ngaku Paris van Java. Bandung anu 
pasolengkrah, loba runtah, matak teu betah.
  Loba urang Jakarta nu ngadon ulin ka Bandung, lain kalahka nyalahkeun urang 
Jakarta, majarkeun ngaheurinan Bandung. Malahmah kudu dibageakeun, hiap kadieu, 
didieu aya Dago, aya Braga, aya batagor, aya baso aya Brownies kukus, jeung 
sajabana rupa rupa kadaharan jeung  kaulinan.
  Batur mah hayang kadatangan wisatawan teh hese, kudu promosi, meakeun waragad 
anu lain saeutik.
  Tinggal pamarentah kota Bandungna anu oge kudu boga kahayang. Contoan tuh 
kota kota batur anu sukses narik wisatawan, bisi ari nyontoan kota Paris mah 
hese teuing.
   
  Wasalam,
  Kang Trias        

surtiwa surtiwa <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
          Tah kapendak rusiahna..yen seueur masyarakat anu
kabagian rejeki tina kagiatan jalmi anu tersier atawa
kwarter..ulin/jalan2/balanja...Kunaon tah si letter B
teh hoyong meser brownies Kukus di bandng ? Di jakarta
oge seueur agnne ! Kunaon hoyong Batagor
Ririe/Kingsley, di Jakarta oge aya nu raos ! Kunaon
daharna kudu di cafe di Bandung..di Jakarta oge cafe
mah ceuyah ! Tah nyaeta tea BARI ULIN..ngurangan
stress cenah..tapi jadi kahirupan keur rahayat
padagang di Bandung..sewaan kuda di Cisangkuy...pusat
kueh di Kemuning..Bawean....sekitar
setiabudi..Cihampelas...pokona macet cet korban jelema
ulin.

Nah kumaha lamun jelema leter b diajarkeun kudu
pragmatis..cicing diimah tong kaluar mun teu perlu2
teuing ! Nginum cai bodas mah diimah we, teu kudu di
cafe bandung....Wah ari kieu mah "counter productive"
karunya padagang Bandung...ekonomi rakyat pan kudu
jalan..Cross subsidy social lah...
Sabaraha rebu lier bensin urang leter b ka bandung
Saptu jeung Minggu ? keur kukurilingan hungkul !!!

--- MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]>
wrote:

> 
> Kamari kuring ngobrol jeung salahs ahiji patinggi di
> UI anu mudik ka Jawa waktos lebaran. Anjeunna teh
> ahli
> dina widang ekonomi.
> 
> Anu aneh tina acara mudik ieu teh nyaeta, salian ti
> anu rek lebaran, aya oge anu mudik ngan sakadar
> plesiran. Maranehanana teu lebaran, tapi ngiluan
> minuhan jalan jeung tempat rekreasi jeung tempat
> mondok. Ku ayana mudik (lebaran jeung nu ngan skadar
> rekreasi ieu teh), ngahirupkeun ekonomi rahayat. teu
> saeutik urang lembur anu mucekil ku ayana suasana
> mudik ieu. Sok sanajan engkena duitna dibeulikan ka
> barang-barang anu ti kota, anu hartina eta "aliran"
> duit teh balik deui ka kota.
> 
> Kitu deui jiga Bandung anu unggal minggu heurin ku
> jalmi jeung mobil leter B, sacara signifikan
> ngahirupkeun ekonomi rahayat. Eta jadi pagegelek,
> atawa ngabalukarkeun jalanan macet, hiji aspek anu
> kudu jadi perhatian urang sarerea(pamarentah jeung
> masyarakat), kumaha sangkan rahayat sejahtera, tapi
> pikiran teu cape (stress) ku ayana jalanan macet
> jeung
> pegegelkna jalma.
> 
> Jiga ayeuna di Jakarta, keur ribut jalanan macet ku
> sabab aya pangwangunan jalan Busway. Hiji conto,
> kumaha nyalaraskeun kapentingan (anu boga mobil)
> pribadi jeung kapentingan umum. Konci masalahna mah
> aya di pipikiran urang (mind set).Urang daek heunteu
> ngarobah pipikiran disalaraskeun jeung kanyataan
> kiwari.
> 
> Jaka sembung mawa bedog tea alias teu nyambung?
> keun wae lah. Engke urang sambungkeun.
> 
> baktos,
> 
> mrachmat uidipura
> 
> --- iwan ♫ mr <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> 
> > wah...
> > 
> > ayeuna bandung teh pagelek gelek ku jalmi
> > salian ti eta oge pagelekgelek ku mobil leter be
> > komo gasibu dinten minggu mah... tos janten pasar
> > teu ngartos simkuring mah. na teu diperhatoskeun
> ku
> > kang dada rosada teh?
> > 
> > hehehe, ieu mah saukur unek2 wungkul...
> > 
> > imr
> > 
> 
> 
> __________________________________________________
> Do You Yahoo!?
> Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam
> protection around 
> http://mail.yahoo.com 
> 

__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 


                         

 __________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 

Kirim email ke