Leres oge Wa, matak Fauzy Bowo kenging oge, perbawa kumis* 
Tetela kumis teh ngajantenkeun hiji pameget berwibawa. 
Tapi, pami teu kumisan asa katingalna langkung anom, malihan mah  sok jiga 
budak bolon/boloho heheh*

Ketang, teus sadaya kumis nyandak wibawa, nu kumaha heula kumisna?
Da, nyengclena kumis di luhureun baham teh kedah saluyu sareng sifat jalmina.
Geura urang tataan :
1. Kumis Baplang, nu tungtungna sok dipuril-puril jiga kumisna Pak Raden 
Singomenggolo Jalmowono nu aya dina pilem si Unyil jaman abdi nuju alit. Ayeuna 
ge aya di Trans7 "Laptop si Unyil", tapi ditingali teh asa teu rame, duka pedah 
abdina tos sepuh heheh*
2. Kumis Leubeut biasa, tah nu ieu mah remen nyengcle di seuseurna pameget.
3. Kumis Sauted tengahna wungkul, diingu ku Jojon & Charlie Chaplin.
4. Kumis Bodas, eta mah aki-aki kumisan
5. Kumis ngajeprit/ipis, kumis budak ngora biasana mah*nambih kazeph (contona: 
Zorro)
6. Kumis ngajeler paeh* eh, eta mah halis heheh* sok, bade aya nu nambihan?
Kacipta, pami pameget awakna bangbang, berwibawa, direktur di hiji pausahaan, 
ari kumis siga Jojon... sok pantes teu?...

Emut keneh artis-artis nu kapelet kunu kumisan? Mayangsari (Bambang 
Trihatmojo), Siti Nurhaliza (Datuk K), Inul (Adam)* tah, eta salah satilu nu 
kapengpeonan kunu kumisan.
Pan aya lagu nu dihaleuangkeun ku Evitamala tea*
*.
Pasti getekeun komo kunu kumisan
Kumis anyar dikurud 
Manehna camberut

Mun dicium ku Akang anu kumisan*
Saminggu karasa keneh* heheh...

Tos ah* bisi sohor.
ro2


>>> [EMAIL PROTECTED] 11/05/07 03:08PM >>>
Ari di Jakarta mah nuju usum orde kumis.
Naon ciri-ciri jeung dasar argumentasina?
Eta wae, Gupernur "raja betawi" DKI Jakarta, Fauzi
Bowo, kumisna teh mani kandel. Malihan mah dina
kampanye oge, kumis teh janten propaganda ampuh.
"jangan salah! coblos/tusuk kumisnye, biar mantep
bo!"ari calon raja betawi sanesna heunteu kumisan.

atuh nya kitu oge "raja paguron luhur" Rektor UI,
Gumilar Rusliwa Somantri, kumisan.

Dua conto diluhur, ngawakilan dua kelompok anu beda,
tapi hakekatna mah ngawakilan kelompok lingkungan
birokrasi sareng kelompok lingkungan akademis.

Atuh "Raja bangsa Sunda" Paguron Pajajaran kang Ganjar
Kurnia,kumisan oge.

Bayangkeun upama tilu "raja" di luhur teu aya kumisan,
jiga kumaha? Pasti teu aya wibawana.

baktos,

mrach mat uidipura

Kirim email ke