Assalaamu `alaykum,

Hatur nuhun utamina ka Kang Ganjar anu parantos nyayogikeun wahangan kanggo
acara ieu sakaligus janten moderator harita. Geuning meni ramé pami nyarios,
nya :-). Ogé ka Kang Oman kana pangbagéana salami abdi liburan, sanaos
henteu ngiringan dina acara éta, namung muka jalan ka nepangkeun seueur
pisan inohong, diantawisna Abah Surya, Pa Undang A. Darsa, Pa Idin
Baidillah, kang Tedi Permana, kang Soleh, kang Soni "Bolotot", jrrd. (Apalna
pédah aranjeunna harita ngiringan mairan).

Abdi ayeuna (ti dinten rebo kamari) parantos aya di Munich deui barijeung
"Jetlag" kénéh :-)

Insya Allah pami aya lolongkrang, urang tepang deui sanés waktos. Ogé dina
surélék anu misah, seja dikintunkeun sababaraha liputan anu kapendak di
media massa, tur sababaraha catetan.

Baktos,
Dian.

On 31/10/2007, Ganjar Kurnia <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Assalamu 'alaikum Wr.
Wb.

Dulur-dulur, Unpad seja nanggap Kang Dian Nugraha  (urang Conggeang anu nuju
tolab di Jerman) ,  dinten Jumaah ping 2 Nopember 2007 Jam 13.30 di gedong
rektorat enggal Unpad. Jl. Dipati Ukur 35. kalayan jejer "Komputerisasi
Aksara Sunda sangkan Ngajomantara". Diaranntos pisan.

Wass.

Ganjar Kurnia.

Kirim email ke