Wilujeng!
Kang Dian, kang Gandjar, kang Oman A., oge ka Everson anu 
tos tiasa �gawe bareng� ngamumule budaya sunda (aksara 
sunda).

Kuring oge hadir harita teh (waktu ngariung di gedong 
rektorat unpad) tur ngarasa bagja pisan jadi urang 
sunda.(bisa silaturahmi + dibageakeun ku cianjuran deuih 
he..he..)

Hiji hal anu ku nanceb dina pikiran kuring �gawe bareng� 
rohaka pisan mangfaat, pangaruh oge hasilna.

Kang Dian, sakali deui wilujeng kana karancageanana sareng 
hatur nuhun kuring tos diangken, jadi ngiring ka�foto� 
:-).(kang dian, kuring neda nyuhunkeun font �aksara 
pakuan�  tea pami akang teu kaabotan, ngalangkungan 
�surelek�).

Kang Oman, kumaha damang?, hebat lah akang tos tiasa 
janten �event organizer� antawis kang Dian + Kang Ganjar.

Kang Ganjar, wilujeng akang parantos kersa (sering 
pisan:�bandungan�, �kongres kusnet�, �pentas budaya sunda 
di perancis�, �nyayagikeun waktos ngalongok HBH di kiara 
payung, jrrd) nembrakeun ka cinta ka �sunda� ku jalaran 
masihan  lolongkrang ka �urang sunda� kangge sami-sami 
sabilulungan ngamekarkeun kahirupan �urang sunda�.
(pami teu lepat mah aya laguna nya �sabilulungan� teh? :-) 
).

Kang Everson, Well done lah and Tengkiyu!

Akang + euceu anu sanesna  Wareldan!

sonirosa
www.bolotot.com

*urang sabilulungan yu!



On Sun, 11 Nov 2007 21:19:45 +0100
  "Dian Nugraha" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Assalaamu `alaykum,
> 
> Hatur nuhun utamina ka Kang Ganjar anu parantos 
>nyayogikeun wahangan kanggo
> acara ieu sakaligus janten moderator harita. Geuning 
>meni ramé pami nyarios,
> nya :-). Ogé ka Kang Oman kana pangbagéana salami abdi 
>liburan, sanaos
> henteu ngiringan dina acara éta, namung muka jalan ka 
>nepangkeun seueur
> pisan inohong, diantawisna Abah Surya, Pa Undang A. 
>Darsa, Pa Idin
> Baidillah, kang Tedi Permana, kang Soleh, kang Soni 
>"Bolotot", jrrd. (Apalna
> pédah aranjeunna harita ngiringan mairan).
> 
> Abdi ayeuna (ti dinten rebo kamari) parantos aya di 
>Munich deui barijeung
> "Jetlag" kénéh :-)
> 
> Insya Allah pami aya lolongkrang, urang tepang deui 
>sanés waktos. Ogé dina
> surélék anu misah, seja dikintunkeun sababaraha liputan 
>anu kapendak di
> media massa, tur sababaraha catetan.
> 
> Baktos,
> Dian.
> 
> On 31/10/2007, Ganjar Kurnia <[EMAIL PROTECTED]> wrote: 
>Assalamu 'alaikum Wr.
> Wb.
> 
> Dulur-dulur, Unpad seja nanggap Kang Dian Nugraha 
> (urang Conggeang anu nuju
> tolab di Jerman) ,  dinten Jumaah ping 2 Nopember 2007 
>Jam 13.30 di gedong
> rektorat enggal Unpad. Jl. Dipati Ukur 35. kalayan jejer 
>"Komputerisasi
> Aksara Sunda sangkan Ngajomantara". Diaranntos pisan.
> 
> Wass.
> 
> Ganjar Kurnia.

========================================================================================
"Sambil berpuasa, ikuti Netkuis Ramadhan 1428 H. Menangkan Laptop, Ipod dan HP 
Nokia di akhir periode netkuis dan dapatkan Flash disk di tiap minggunya dengan 
mengikuti Netkuis di http://netkuis.telkom.net/";
========================================================================================

Kirim email ke