Punten Akang Teteh sadaya,

Ngiring ngawangkong di milist ieu.
Tepangkeun sim kuring Yanyan kawit ti Bandung mung nuju milari kipayah di Bogor.

Kaleresan geuning aya Pak Ganjar Kurnia, anu ngalinggihan UNPAD tea sanes?
Upami leres, aya anu bade ditaroskeun ieu teh.

Ngadangu berita ti rerencangan urang sekeloa mah saurna UNPAD bade ngabongkar 
kawasan Sekeloa?
Iraha eta teh? Margi nya kitu tea panginten anu aya di Sekeloa teh keudah 
soson-soson sanes?

Mung naha atuh rencana eta teh nembe diwujudkeun ayeuna, sanes ti kapungkur, 
panginten upami ti kapungkur mah, UNPAD teh tiasa ngariung di Dipati Ukur, teu 
kedah aya nu di Jatinangor.

Hapunten we Pak Ganjar, sim kuring kumawantun naroskeun dugi ka palih dinya, 
margi simkuring oge salah sawios alumni UNPAD.

Hatur Nuhun.

Baktos,

Yanyan

Kirim email ke