Heheh... naha bet ku polos2 teuing nya... teu apal nu jajaluk... kapan nu
kitu mah ti baheulana ge geus kitu (naon maksudna coba?), jajaluk salaku
pakasaban.

Waktu kuring kabeneran keur tunggu warung mitoha, aya ni4 nyampeurkeun.
Dulur nu sejen mah apaleun yen si nini teh tukang jajaluk di lebah anu. Eta
ni4 teh rek nukeurkeun duit recehan kana galabagan. Sabaraha lobana? SAJUTA
OPAT RATUS REBU PERAK! ladang jajaluk sabaraha lila eta teh? Sabulan! Buruh
rata2 pagawe toko sabaraha? Buruh pagawe pabrik lulusan sakola menengah
sabaraha?

Mun kuring keur ngalangeu di sisi jalan, sababaraha kali manggihan aki2
mamanggul bilik anu dipelengkungkeun tea, anu mun ti gigir mah ukur kaciri
sukuna wungkul. Kacipta, nganteur barang sakitu beuratna, ku awak anu sakitu
rempona, bari pangala teu sabaraha. Meus2 ngaso, meus2 ngaso, cingogo
handapeun pelengkung bilik. Mun dipikiran mah, batan barangbere ka nu
jajaluk mah, jauh leuwih hade mere sodakoh ka nu kitu, lur... manusa2 pilih
tanding anu luut-leet kesang ladang gawe sorangan. Barangbere ka nu jajaluk
mah ngaruksak mental & nyiksa budak (anu dijadikeun alat jajaluk)...

On 11/21/07, Reka Bohay <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>   enya euy,,, edan pisan... tadi enjing2 pas ngaos berita ieu asa langsung
> reuwas.
> kuring oge pernah ngalaman anu rada aneh, di lampu merah aya anu (pura2)
> lolong menta duit, bare leumpang ngarayap make tongkat, tapina ku kuring teu
> dibere duit, terus lampu teh kaburu hejo, tah pas lampu hejo eta, kuring teu
> kahaja ninggali dina spion, si baramaen anu (pura2) lolong teh leumpangna
> normal, tongkatna anu asalna dipake leumpang, ngadon dikekelek bare
> leumpang. hihihihi...
>

Kirim email ke