naha da 1,2 jt... bet jadi nambahan 200 rb??

heuheuheuhe... geus ah.. inget ka si bagja..

~ipup~

--- In urangsunda@yahoogroups.com, kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Heheh... naha bet ku polos2 teuing nya... teu apal nu jajaluk... 
kapan nu
> kitu mah ti baheulana ge geus kitu (naon maksudna coba?), jajaluk 
salaku
> pakasaban.
> 
> Waktu kuring kabeneran keur tunggu warung mitoha, aya ni4 
nyampeurkeun.
> Dulur nu sejen mah apaleun yen si nini teh tukang jajaluk di lebah 
anu. Eta
> ni4 teh rek nukeurkeun duit recehan kana galabagan. Sabaraha 
lobana? SAJUTA
> OPAT RATUS REBU PERAK! ladang jajaluk sabaraha lila eta teh? 
Sabulan! Buruh
> rata2 pagawe toko sabaraha? Buruh pagawe pabrik lulusan sakola 
menengah
> sabaraha?
> 
> Mun kuring keur ngalangeu di sisi jalan, sababaraha kali manggihan 
aki2
> mamanggul bilik anu dipelengkungkeun tea, anu mun ti gigir mah ukur 
kaciri
> sukuna wungkul. Kacipta, nganteur barang sakitu beuratna, ku awak 
anu sakitu
> rempona, bari pangala teu sabaraha. Meus2 ngaso, meus2 ngaso, 
cingogo
> handapeun pelengkung bilik. Mun dipikiran mah, batan barangbere ka 
nu
> jajaluk mah, jauh leuwih hade mere sodakoh ka nu kitu, lur... 
manusa2 pilih
> tanding anu luut-leet kesang ladang gawe sorangan. Barangbere ka nu 
jajaluk
> mah ngaruksak mental & nyiksa budak (anu dijadikeun alat jajaluk)...
> 
> On 11/21/07, Reka Bohay <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> >
> >   enya euy,,, edan pisan... tadi enjing2 pas ngaos berita ieu asa 
langsung
> > reuwas.
> > kuring oge pernah ngalaman anu rada aneh, di lampu merah aya anu 
(pura2)
> > lolong menta duit, bare leumpang ngarayap make tongkat, tapina ku 
kuring teu
> > dibere duit, terus lampu teh kaburu hejo, tah pas lampu hejo eta, 
kuring teu
> > kahaja ninggali dina spion, si baramaen anu (pura2) lolong teh 
leumpangna
> > normal, tongkatna anu asalna dipake leumpang, ngadon dikekelek 
bare
> > leumpang. hihihihi...
> >
>


Kirim email ke