upami urang niron ka basa Indonesia, global warming teh pan ditarjamahkeun "pemanasan global". Kumaha upami dina basa Sunda oge Global Warming teh ditarjamahkeun Pamanasan Global. soalna kecap panas pan aya oge dina Basa Sunda. Ngan rarangken Pa- didieu memang asa kurang anteb. Tong boro Global warming, Hospital sareng Restaurant alias Rumah sakit sareng Rumah makan ge sesah milari Basa Sundana, maenya kedah ditarjamahkeun janten "Imah Gering" sareng "Imah Dahar" he he he. mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote: ari hayang-hayang teuing mah ditarjamahkeun, cobaan atuh: global warming = bayeungyang sajagat
On 11/25/07, Oman Abdurahman < [EMAIL PROTECTED]> wrote: Global warming, urusan badag. Sacara singget: ngaronjatna suhu rata- rata di ieu alam, alatan lakulampah manusa patali jeung sifat alam. Keur gapura noong masalah global warming anu leuwih lega, naon deui di internet mah lian ti Wikipedia. Mangga geura ilikan di dieu: http://en.wikipedia.org/wiki/Global_warming Basa Sundana? Tah ieu anu rada hese. Terus terang wae, basa Sunda rada hese narjamahkeun kalimat anu ngandung kecap barang tina kecap gawe (warm-->warming). Ditambah deui kecap sifat di hareupna. "Sarerea jadi Panas"? asa kurang pas, alatan kecap "sarerea" mah biasa nuduhkeun manusa (sakabehna), sedengkeun "global warming" tumerap lain wae ka manusa. "Satungkebing Alam jadi Panas" atawa "Satungkebing Alam Kapanasan"? duka tah, mangga wae raoskeun pas henteuna mah. Global warming, masalah badag atawa sadunya (global) anu meredih tindakan global nepi ka lokal (think globally, act locally). Anu dipedar dina ngaguar eta perkara biasana: sabab-sababna kajadian global warming, akibat-akibatna, jeung naon tarekahna anu bisa dilakukeun boh ku manusa sadunya sagemblengna atawa ku tiap bangsa nepi ka tiap individu. Tina pangaweruh lokal (local wisdom) anu bisa nyegah global warming, naha bisa aya gerakan "think locally, act globally"? Duka teuing. Diantara bangsa-bangsa wae tacan patotos pisan ngeunaan sabab- sababna. Leuwih jelasna deui: aya nagara-nagara anu - sok sanajan geus ngaku sabab musabab global warming - dina seuh-seuhanana mah can ngaku jeung ngalakukeun kawajibanana. Kasus protokol Kyoto jadi conto dina hal ieu kalawan Amerika tetep can purun nandatangan eta kasaluyuan internasional pikeun nyegah satungkebing alam kapanasan (hapunten sareng neda koreksina bisi si kuring katinggaleun informasi dina lebah protokol Kyoto ieu). Gas Rumah Kaca (GRK) mindeng dituduh salaku biang kasalahan anu ngabalukarkeun muncunghulna Global Warming. GRK akibat industri anu miceun eta gas ka awang-awang. Gas-gas ieu, kayaning karbondioksida (CO2), metan (NH4). Eta gas-gas anu konsentrasina ngaronjat di awang- awang + Ozon ngabalukarkeun ieu alam jadi panas. Sabab eta gas-gas teh bleg jadi sarupa kekeb di atmosfer nepi ka panas panonpoe anu dibalikeun deui ku taneuh henteu parat mubus ka awang-awang luar, balikta kaporog jadi manaskeun ieu alam. Sabab anu utama, lian ti gas-gas pamiceunan tina proses industri, diantarana: deforestation alias leuweung anu jadi gundul atawa ngabukbak leuweung nepi ka gundul. Tatangkalan anu ngabadeg di leuweung di sakuliah dunya boga fungsi nganetarlkeun GRK. Kusabab leuweungna beuki ngurangan alatan dibukbak tea, GRK jadi ngaronjat ngabalukarkeun global warming. Kitu ceuk hiji teori. Teu nyalahan teuing, da karasa ieuh, samangsa-samangsa tutuwuhan ngurangan di hiji tempat, mangka pasti di eta patempatan bayeungyang wae karasana. Global warming masih jadi masalah anu haneut dipadungdengkeun wae. Sakapeung diskusina ngabuntut bangkong. Tapi, karasa alam mah beuki panas. Kaayaan usum-usuman geus teu merenah deui. Anu tadina kuduna mangsa hujan ngeucreuk, jadi panas nyongkab. Bulan anu kuduna panas, jadi loba hujan. Parobahan alam mah tetep karasa Sanajan sawareh jelema masih natanyakeun perkara bener henteuna teori global warming, kaasup sabab musababna jeung naon anu diperedih ka manusa atawa bangsa-bangsa tina eta teori sangkan global warming kahulag, tindakan saperti ngahejokeun deui leuweung ku pepelakan mah tetep gede manfaatna. Miara leuweung kaasup tina talatah miara kabuyutan. Lian ti manfaat keur ngahegarkeun deui hawa, tatangkalan boga pancen sakitu gedena dina ngajamin kasadiaan cai, sumber kahirupan urang sarerea. Hurip kabuyutan leuweung. manAR ------- diteukteuk ku kuncen ---