Di daerah Cianjur kidul namina tangkal pandan..
  sanes pandang (wangi) anu sok dianggo masak kolek, bubur kacang hejo
  namung pandan anu daunna sok dianggo samak atanapi dudkuy para patani
  biasana seueur di daerah basisir.....
  cobi ameng ka Batu Hiu (Pangandaran) seueur tanggal nu kitu
   
  ssw

kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
          Aya nu uninga tangkal cangkuang? Kuring mah apalna ge cikeneh, ari 
sugan teh lain ngaran tatangkalan. Mun aya nu apal, cikan akurkeun... bisi bae 
salah...
Cangkuang (Pandanus tectorius) téh salasahiji spésiés Pandanus (papandanan), 
anu hirup di kalér Queensland, Australia jeung Indonésia sarta pulo-pulo tropis 
di Sagara Pasipik nepi ka Hawai (di ditu katelahna tangkal hala). Tangkalna 
leutik, tumuwuh ukur nepi ka jangkungna 6 m, akarna serabut sahingga nanceb 
pageuh dina taneuh. Panjang daunna 90-150 cm, lébarna 5-7 cm, kalawan sisi nu 
rérégéan. Hirupna di wewengkon anu hawana haneut sarta taneuhna lembab.  Buah 
cangkuang bentukna buleud, diaméter 20 cm, rada siga ganas, sarta bisa didahar 
langsung atawa diolah heula. Di Mikronésia mah buah cangkuang téh jadi 
katuangan utama, utamana di wewengkon atol. Serat buahna sok dipaké pikeun 
meresihan huntu (dental floss). Daunna so dipaké bungbu manisan, sarta cenah 
bisa dipaké natambaan kasakit. Bihari, daun cangkuang dipaké pikeun hateup imah.
  Serangga watang Megacrania batesii hirup sarta dahar ukur dina ieu tangkal.
  
  Galeri               

    Buah cangkuang.
  



         

    Mun ti kadeukeutan, daun Pandanus bakal katémbong cucukna.
  



         

    Wangun serabut akar cangkuang.
  



  
  Baca ogé    
   Candi Cangkuang, candi anu aya di Cangkuang, Garut.
  Disalin ti "http://su.wikipedia.org/wiki/Cangkuang";
    Kategori: Pandanales

-- 
sikandar
kumincir.blogspot.com
www.urangsunda.or.id   

                         


http://cikundul3.multiply.com
  Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda
  Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda

Reply via email to