Upami teu lepat, sok biasa oge disebat tangkal / daun ganas sabrang. Memang
leres di Cangkuang seueur tangkal nu kieu (kapungkur), di lembur2
sakurilingeun Cangkuang oge seueur. Nami Situ Cangkuang ngalap tina ieu
tangkal / tutuwuhan.

Baktos,

NFG
(Lemburna deukeut Cangkuang)

On Nov 27, 2007 4:16 PM, Siddik Wiradireja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

>    Di daerah Cianjur kidul namina tangkal pandan..
> sanes pandang (wangi) anu sok dianggo masak kolek, bubur kacang hejo
> namung pandan anu daunna sok dianggo samak atanapi dudkuy para patani
> biasana seueur di daerah basisir.....
> cobi ameng ka Batu Hiu (Pangandaran) seueur tanggal nu kitu
>
> ssw
>
> *kumincir <[EMAIL PROTECTED]>* wrote:
>
>  Aya nu uninga tangkal cangkuang? Kuring mah apalna ge cikeneh, ari sugan
> teh lain ngaran tatangkalan. Mun aya nu apal, cikan akurkeun... bisi bae
> salah...
> *Cangkuang* (*Pandanus tectorius*) téh salasahiji spésiés 
> *Pandanus<http://su.wikipedia.org/w/index.php?title=Pandanus&action=edit>
> * (papandanan), anu hirup di kalér 
> Queensland<http://su.wikipedia.org/w/index.php?title=Queensland&action=edit>,
> Australia <http://su.wikipedia.org/wiki/Australia> jeung 
> Indonésia<http://su.wikipedia.org/wiki/Indon%C3%A9sia>sarta pulo-pulo tropis 
> di Sagara
> Pasipik<http://su.wikipedia.org/w/index.php?title=Sagara_Pasipik&action=edit>nepi
>  ka
> Hawai <http://su.wikipedia.org/w/index.php?title=Hawai&action=edit> (di
> ditu katelahna tangkal *hala*). 
> Tangkalna<http://su.wikipedia.org/wiki/Tangkal>leutik, tumuwuh ukur nepi ka 
> jangkungna 6 m,
> akarna <http://su.wikipedia.org/w/index.php?title=Akar&action=edit>serabut 
> sahingga nanceb pageuh dina taneuh. Panjang daunna 90-150 cm,
> lébarna 5-7 cm, kalawan sisi nu rérégéan. Hirupna di wewengkon anu hawana
> haneut sarta taneuhna lembab. Buah cangkuang bentukna buleud, diaméter 20
> cm, rada siga 
> ganas<http://su.wikipedia.org/w/index.php?title=Ganas&action=edit>,
> sarta bisa didahar langsung atawa diolah heula. Di 
> Mikronésia<http://su.wikipedia.org/w/index.php?title=Mikron%C3%A9sia&action=edit>mah
>  buah cangkuang téh jadi katuangan utama, utamana di wewengkon
> atol <http://su.wikipedia.org/w/index.php?title=Atol&action=edit>. Serat
> buahna sok dipaké pikeun meresihan huntu (*dental floss*). Daunna so
> dipaké bungbu manisan, sarta cenah bisa dipaké natambaan kasakit. Bihari,
> daun cangkuang dipaké pikeun hateup imah.
> Serangga watang *Megacrania 
> batesii<http://su.wikipedia.org/w/index.php?title=Megacrania_batesii&action=edit>
> * hirup sarta dahar ukur dina ieu tangkal.
>  Galeri    <http://su.wikipedia.org/wiki/Gambar:Pandanus_tectorius_fruit.jpg>
>  Buah cangkuang.
>
>    <http://su.wikipedia.org/wiki/Gambar:Pandanus_tectorius_leaf.jpg>
>  Mun ti kadeukeutan, daun Pandanus bakal katémbong cucukna.
>
>    <http://su.wikipedia.org/wiki/Gambar:Xpandanus_roots.jpg>
>  Wangun serabut akar cangkuang.
>
>  Baca ogé
>
>    - Candi Cangkuang <http://su.wikipedia.org/wiki/Candi_Cangkuang>,
>    candi anu aya di Cangkuang, 
> Garut<http://su.wikipedia.org/wiki/Cangkuang%2C_L%C3%A9l%C3%A9s%2C_Garut>
>    .
>
> Disalin ti "http://su.wikipedia.org/wiki/Cangkuang";
>  Kategori <http://su.wikipedia.org/wiki/Husus:Categories>: 
> Pandanales<http://su.wikipedia.org/w/index.php?title=Kategori:Pandanales&action=edit>
> --
> sikandar
> kumincir.blogspot.com
> www.urangsunda.or.id
>
>
>
>
> http://cikundul3.multiply.com
> *Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda*
> *Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda*
>
> 
>

Reply via email to