Lamun jadi dina poe Jumaah tanggal 14 Desember 2007 bakal sawala di PSS, keur saheulaanan sim kuring jadi panumbu catur alias moderatos tea, ari jejerna Manakiban, anu rek jadi panyatur nyaeta Julian Millie jeung Kang Iip D Yahya, Julian Millie antropolog ti Monash Australi, ari Kang Iip mah pemerhati pasantren. Anu biasa dina Manakiban teh maca riwayat Syeh Abdul Qodir Jaelani, dina prak-prakanana anu kungsi kareungeu nyaeta sok nyadiakeun sagala rupa susuguh dina wangun dahareun kayaning beubeutian, rujak kalapa, rujak cau, kaasup ayana pangradinan. Brengna Manakiban sok aya tawasul heula. Lamun rada ditelek-telek bet siga rada nyambung jeung nanggap carita pantun. Meh sarua apan pantun ge ngalalakonkeun hiji tokoh dina galur carita, oge memeh breng sok disebut-sebut anu "hadir" atawa "dihadirkeun", malah kapan ceuk juru pantun eta ronghok anu hayang dipantunkeun, siga basa ngadengekeun rajah pamuka Aki Akis mantun di Cibatu kang Deni. Nu hiji disebut manakiban anu hiji deui disebut pantun, malah anu rada aheng dina manakiban teh bet siga anu ngaharib-harib teu ngaleupaskeun peran dewi Sri. Tah didieu meureun anu bakal dikobet dina sawala, sugan we kabadanan ku sim kuring. Naha ngan sakadar nepi ka dinya..?. Moal sugan lantaran kuring hayang nyukcruk nu leuwih jero upamana ayana beubeutian didinya teh lain aya karana jol jleg, tapi pasti alatan gawe, ti mimiti molah taneuh, milih bibit, melak tug nepi ka ngarumatna pepelakan, didieu ayana proses anu kudu jadi titik pamiangan pikeun hasil panen anu hade, aya hasil anu alus lamun hade gawe. Sisi sejen ayana pacampur budaya antara anu nafas Islam jeung budaya (asli) Sunda, naha geus ngahasilkeun naon dina enas-enasna kahirupan urang Sunda salian ti spiritualitas nu leuwih condong pikeun mere conto sisi moral, kajujuran, amanah, naha aya sisi sejen upamana mere sumanget kompetisi atawa......?. Hampura ieu tulisan teh rada pabaliut, ma'lum sawalana oge can breng, ngan kakara diwawaas. Bilih baraya aya nu bade sumping dina waktosna mangga diantos pisan, Sawala maneuh sasihan PSS, jejer : Manakiban Jumaah kaping 14 Desember 2007 tabuh 14.00 (bada Jumaahan) tempat : PSS Jl Taman Kliningan II No.5 Bandung. Panyatur : Julian Millie sareng Iip D Yahya. Agenda sasih Januari 2008 Jejer : Teknologi (Content Provider) Jeung Budaya Sunda, panyaturna nembe diimpleng saha-sahana (anu tos rada paheut sareng Kang Ahmad panyatur bade ti Telkomsel Jabar)
MSasmita

