Pesen ka ki moderator perkara manakiban ieu, nyaeta
dina konteks kiwari, tong nepi ka  "cul dogdog tinggal
igel", sakumaha anu tos didugikeun ku kang Oman. Sabab
dina mangsa kiwari, anu kedah diheuyeukeun teh sigana
aspek dimensi sosialna.
Jiga kamari rame dipadungdengkeun mangpaat solat
tahajud, tapi teu aya anu ngabahas perkara shalat
fardu lima waktu pikeun diri sorangan jeung
kamaslahatan umat.

baktos,

mrachmatrawyani

--- Oman Abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Sabenerna, lamun apal kana asal-usul maksud kecap
> "Manakiban", 
> antara "manakiban" jeung "ngadongengkeun lalakon
> sang eyang syekh" 
> teh eta-eta keneh. "Manaqib" dina wanda ieu hartina
> : kautamaan. 
> 
> Aya sababara manaqib, lian ti manaqib Syekh Abdul
> Qodir Jaelani anu 
> mashur di Tanah Jawa (Tanah Sunda ceuk US mah
> hehehe), sabenerna aya 
> Manaqib anu sejenna, malah tingkatan para sahabat.
> Malah aya kitab-
> kitab khusus anu medar Manaqib Syaidina Ali kw,
> Manaqib Syaidina Abu 
> Bakar r.a, jst.
> 
> Anu matak narik ati memang kamekaran budaya manaqib
> ieu dina konteks 
> ka Indonesiaan. Gusar-geserna prak-prakan acara
> manaqib ti hiji 
> tempat ka tempat sejenna luyu jeung sosial budayana
> eta lahan 
> panalungtikan anu ngemploh pisan. Ngan lain perkara
> gampang. 
> Sahenteuna, dina riungan teh kudu wae aya ajengan
> atawa rengrengan 
> praktisi anu geus biasa ngalaksanakeun manaqiban
> salaku narasumber.
> 
> Hal sejenna anu narik ati tina fenomena: manaqiban
> anu baheula nepi 
> ka - di sawatara tempat - ayeuna minangka budaya
> Islam pilemburan 
> ayeuna geus mimiti ngageser (rek) jadi budaya
> pakotaan oge. Aya 
> naon? Aya kakosongan wanda ngalaksanakeun agama di
> pakotaan anu 
> karasa garing (balukar pangaruh hiji dua sub madzhab
> dominan di 
> pakotaan?) atawa kasono urang kota kana acara-acara
> model ritual 
> saperti kitu? Wallohu 'alam.
> 
> Ngan, anu kapanggih di pakampungan anu biasa
> ngalaksanakeun 
> manaqiban, sakapeung sok jadi asup kana babasan "Cul
> Dog-dog Tinggal 
> Igel". Ari lalakon Syek mah hayoh dipedar nepi ka
> bubuk anu 
> laleutikna kayaning kumaha cara tuangna,
> kasaktian-kasaktianana 
> jeung unak-anik anu nuduhkeun kumaha hebatna sang
> Syekh. Tapi, 
> mataholangna yen satemenna makom anu kahontal ku
> hiji jalmi teh taya 
> lian ti bajoangna dina kamanusaan (atawa ceuk basa
> barudak sakolaan 
> mah: dimensi sosial dina Islam) arang langka diguar
> atawa dijadikeun 
> catetan minangka talatah anu penting tina maqiban. 
> 
> Muga-muga wae manaqiban di PSS ieu laju jadi
> panglumpatan, nostalgia 
> kana kaasyikan ibadah ritual. Amin. Wilujeng.
> 
> manAR
> 
> 



      
____________________________________________________________________________________
Looking for last minute shopping deals?  
Find them fast with Yahoo! Search.  
http://tools.search.yahoo.com/newsearch/category.php?category=shopping

Kirim email ke