Tips
Kanggo para tahu sumedang mania, aya tips supados teu kabelejog.
1.Sing waspada upami meser tahu sumedang, tahuna digarang diluhureun katel anu 
minyakna dihaja cena panas terus. Bisa oge tahuna haneut padahal tos gaaleun.
2.Sing waspada upami nuju ngetang tahu, pas ngetang dikerenyemkeun atawa 
dihaleuangkeun ku nu ngetangna. Kadang etangan sareng nu dicandak sok benten. 
Saleuheung pami cengekna nu kirang kumaha mun tahuna.
3.Emut tilu D [3D], Ditilik-Curintik, Dicobian-Ngerekes, Dilamikeun-Tara enggal 
aseum, tah eta tahu sumedang asli.

Kukituna meh teu kuciwa,meh sugema langkung sae dicobian heula (sabongsang mah) 
komo kanggo mahugi atawa kanggo nyogok pimitohaeun mah, pilih kios tahu anu tos 
gaduh nami. [Tips ieu kenging ngawadul sareng ruruntuk tukang tahu anu kiwari 
tos pangsiun ngan ari utang itung mah tetep we sok dihaleuangkeun, rarasaan 
ngitung tahu cenah].

Tahu Sumedang Asli
Nu jualan tahu diluar wewengkon sumedang, najan dina kiosna atawa didoronganana 
ditulisan Tahu Sumedang Asli tapi tetep nu asli mah tahu nu asalna ti sumedang. 
Naon sababna? Basa ngawadul sareng tukang tahu diwewengkon karawang, iyana 
ngahaja nyandak tahuna ti sumedang. Saurna, salian bahan bahanna pinilih oge 
paktor cai mangaruhan oge kana kualitas tahu. Dijakarta nu disebat tahu 
sumedang asli asalna ti pondok gede atawa ti kampung rawa senen. Sanaos 
curintik, tetep ari dina rasa mah tebih.

Tukang Tahu Sumedang Gadungan
Di wewengkon kemayoran ngawangkong sareng tukang tahu dina doronganana mah enya 
ditulisan "Tahu Sumedang Asli" tapi pas diajak ngobrol ku basa sunda, 
ngajawabna tagtegtog, sareng semu semu rada medok. lami-lami mah balaka yen 
iyana ngaku urang purworejo. Pas ditaros asli henteuna eta tahu. Anjeuna 
ngawaler "Orangnya palsu, ya tahunya juga palsu mas dapet beli dari pasar!" Ko 
pake nama tahu sumedang segala? ceuk kuring. "Numpang ngetop boleh donk!" pokna 
bari serengeh.

cag.
sr


  ----- Original Message ----- 
  From: Gan Lesmana 
  To: urangsunda@yahoogroups.com 
  Cc: | AlumniSmunsa ; | KotaSumedang 
  Sent: Monday, December 10, 2007 1:54 PM
  Subject: [Urang Sunda] Tahu Sumedang



  Eudeuh, eta pisan tah .........
  Aya anu samodel tahu Sumedang teh di dieu mah, nya eta tahu Lombok. Dina 
bentuk tur ukuran mah meni persis, tapi angger wae saperkawis rasa mah benten 
....... tebih pisan bentenna teh. 

  Kulitna tea anu garing, rangu gurih karaosna,
  lebetna anu bodas, matak waas mun dicoelkeun kanu sambel kecap cengek

  haturan,
  gl. 
   

Reply via email to