Awas ah ngelay bilih kana keybort komputer .......

On Dec 11, 2007, at 12:55 PM, Bagjabinekas wrote:

kang syam..
pami di sumedangna tahu sumedang asli di mana??
da abdi mah sok bingung oge.. mun wangsul ti kuningan atw cirebon sok
nahu heula uihna sakantenan nyimpang, biasana pami nahu teh sok di
tahu palasari, nu bogana cina.. bae lah da nu penting mah raos.. tapi
sok ngahajakeun nahu di dinya, da mun dibungkus mah kirang pedow..
ari di dinya mah pan tahu nu kakara nyat ngebul keneh terus
dicocolkeun kana sambel nu dikecapan... hwaaaw... jadi ngacay we ah..

~indung bagja~

--- In urangsunda@yahoogroups.com, "syam" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Tips
> Kanggo para tahu sumedang mania, aya tips supados teu kabelejog.
> 1.Sing waspada upami meser tahu sumedang, tahuna digarang diluhureun
katel anu minyakna dihaja cena panas terus. Bisa oge tahuna haneut
padahal tos gaaleun.
> 2.Sing waspada upami nuju ngetang tahu, pas ngetang dikerenyemkeun
atawa dihaleuangkeun ku nu ngetangna. Kadang etangan sareng nu
dicandak sok benten. Saleuheung pami cengekna nu kirang kumaha mun tahuna.
> 3.Emut tilu D [3D], Ditilik-Curintik, Dicobian-Ngerekes,
Dilamikeun-Tara enggal aseum, tah eta tahu sumedang asli.
>
> Kukituna meh teu kuciwa,meh sugema langkung sae dicobian heula
(sabongsang mah) komo kanggo mahugi atawa kanggo nyogok pimitohaeun
mah, pilih kios tahu anu tos gaduh nami. [Tips ieu kenging ngawadul
sareng ruruntuk tukang tahu anu kiwari tos pangsiun ngan ari utang
itung mah tetep we sok dihaleuangkeun, rarasaan ngitung tahu cenah].
>
> Tahu Sumedang Asli
> Nu jualan tahu diluar wewengkon sumedang, najan dina kiosna atawa
didoronganana ditulisan Tahu Sumedang Asli tapi tetep nu asli mah tahu
nu asalna ti sumedang. Naon sababna? Basa ngawadul sareng tukang tahu
diwewengkon karawang, iyana ngahaja nyandak tahuna ti sumedang.
Saurna, salian bahan bahanna pinilih oge paktor cai mangaruhan oge
kana kualitas tahu. Dijakarta nu disebat tahu sumedang asli asalna ti
pondok gede atawa ti kampung rawa senen. Sanaos curintik, tetep ari
dina rasa mah tebih.
>
> Tukang Tahu Sumedang Gadungan
> Di wewengkon kemayoran ngawangkong sareng tukang tahu dina
doronganana mah enya ditulisan "Tahu Sumedang Asli" tapi pas diajak
ngobrol ku basa sunda, ngajawabna tagtegtog, sareng semu semu rada
medok. lami-lami mah balaka yen iyana ngaku urang purworejo. Pas
ditaros asli henteuna eta tahu. Anjeuna ngawaler "Orangnya palsu, ya
tahunya juga palsu mas dapet beli dari pasar!" Ko pake nama tahu
sumedang segala? ceuk kuring. "Numpang ngetop boleh donk!" pokna bari
serengeh.
>
> cag.
> sr




Kirim email ke