Patarosan nu saé ti kang Kandar. Pédah dina buku sajarah mah, ngaran
"Cihaliwung" téh tos aya saprak jaman Tarumanagara (abad < 10) . Tapi
perkawis ieu mah sanés walereun abdi .. :)

Teras aya kecap sanés anu 'panginten' asalna ti basa Cina. Sotéh sabot
nongton pilem, salah sahiji tokohna nyauran rakana nu isteri, (kakupingna
siga), "chichi! chichi!".  Ras émut kana cersil A. Khopinghoo, aya sebatan
"cici" sareng "koko" ogé. Sigana mah ngisedna téh kieu:
[Cina -> Sunda]
cici -> ceuceu / euceu
koko -> kaka / kakang / akang

Di toko-toko rajeun urang nyebat 'cici' -> 'enci', 'koko' -> 'engkoh'.
---

"Kerawang" atanapi "Karawang" tina "kerawan-an"? Ari tadina mah abdi nyangki
hartosna karawang atanapi narawangan téh  barolong atanapi barang-barang anu
"tembus pandang" téa (sapertos kulambu). Pédah nguping dina kawih Mang Koko,
" salempay sutra, disulam jeung dikarawang, tawis soca ti jungjunan.. jst.".
Anu maksadna  'dibolongan' saparantos disulam. (Punten bilih lepat).

Bentén deui saur wikipédia Indonesia, kawitna cenah tina "kerawaan", pédah
seueur rawa. Kabuktosan tina nami-nami wilayah di lebetna anu seueur
dikawitan ku "Rawa ...", Rawa Gabus, Rawa Monyet, Rawa Lumbu. Tapi da ari
dina basa Sunda mah, 'ranca', Ranca Badak, Ranca Upas, Ranca Kalong, jsb.

Wassalaam,

Dian.


On 17/12/2007, kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Mang Ucup, mamanawian uninga ieu mah, ari samemeh datangna Ceng Ho, urang
Sunda nyebut 'cai' teh naon? Water, wasser, aqua, uma, tubig, vand, uisce,
air, atawa kecap sejen anu jaman kiwari geus teu kacatet dina basa Sunda?

Ngeunaan Kerawang, kuring mah teu nyaho aya wewengkon nu disebut
Kerawang(nu asalna tina kecap
kerawan-an) di Tatar Sunda. Nu kuring apal mah Karawang, nu cenah asal tina
kecap karawang. Naha ieu teh memang parobahan tina Kerawang (asli) jadi
Karawang (Sunda) lajeng jadi deui Kerawang (sakumaha nu kiwari mindeng
kadenge ku urang ti letah batur) atawa kumaha? Cik ah...

On 12/14/07, Mang Ucup wrote:
>
> 1415 M, dengan didampingi antara lain oleh Ma Huan seorang Muslim
> Tionghoa, mereka singgah dahulu di Kerawang, yang pada saat itu masih
> bernama "Kerawan-an" dalam bahasa Sunda, satu pelabuhan di muara sungai
> Citarum.
>
> Apabila dahulu kapal berlabuh maka kebutuhan yang paling pokok adalah
> "air" tawar untuk persediaan minum mereka, maka dari itulah permohonan
> pertama dari pihak anak buah Cheng Ho adalah air yang dalam bahasa
Tionghoa
> adalah "cui", karena lafalnya orang Tionghoa sehingga kedengarannya oleh
> penduduk Sunda jadi "cai" yang s/d saat ini perkataan tsb. masih terus
> dipakai. Sedangkan air sungai Tarum, disebut "cui-tarum", mulailah dari
> situlah adanya nama sungai Ci-tarum, yang berakibat juga bagi nama
> sungai-sungai lainnya di Jawa Barat yang kebanyakan diawali dengan unsur
> kata "Ci", Ciliwung, Cikapundung, Cimanuk dsb.
>

-- 
sikandar

Kirim email ke