di Lakbok mah aya Rawa Onom, di baha oge dina buku MJ "fetussaga".
damang kang dian.
soni
  ----- Original Message ----- 
  From: Dian Nugraha 
  To: [EMAIL PROTECTED] 
  Cc: urangsunda@yahoogroups.com 
  Sent: Friday, December 21, 2007 7:23 AM
  Subject: [Urang Sunda] Re: [kisunda] Kata Cai (air) dalam bahasa Sunda 
diserap dari bahasa Tionghoa


  Patarosan nu saé ti kang Kandar. Pédah dina buku sajarah mah, ngaran 
"Cihaliwung" téh tos aya saprak jaman Tarumanagara (abad < 10) . Tapi perkawis 
ieu mah sanés walereun abdi .. :)

  Teras aya kecap sanés anu 'panginten' asalna ti basa Cina. Sotéh sabot 
nongton pilem, salah sahiji tokohna nyauran rakana nu isteri, (kakupingna 
siga), "chichi! chichi!".  Ras émut kana cersil A. Khopinghoo, aya sebatan 
"cici" sareng "koko" ogé. Sigana mah ngisedna téh kieu: 
  [Cina -> Sunda]
  cici -> ceuceu / euceu
  koko -> kaka / kakang / akang

  Di toko-toko rajeun urang nyebat 'cici' -> 'enci', 'koko' -> 'engkoh'.
  ---

  "Kerawang" atanapi "Karawang" tina "kerawan-an"? Ari tadina mah abdi nyangki 
hartosna karawang atanapi narawangan téh  barolong atanapi barang-barang anu 
"tembus pandang" téa (sapertos kulambu). Pédah nguping dina kawih Mang Koko, " 
salempay sutra, disulam jeung dikarawang, tawis soca ti jungjunan.. jst.". Anu 
maksadna  'dibolongan' saparantos disulam. (Punten bilih lepat). 

  Bentén deui saur wikipédia Indonesia, kawitna cenah tina "kerawaan", pédah 
seueur rawa. Kabuktosan tina nami-nami wilayah di lebetna anu seueur dikawitan 
ku "Rawa ...", Rawa Gabus, Rawa Monyet, Rawa Lumbu. Tapi da ari dina basa Sunda 
mah, 'ranca', Ranca Badak, Ranca Upas, Ranca Kalong, jsb. 

  Wassalaam,

  Dian.


  On 17/12/2007, kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote: 
  Mang Ucup, mamanawian uninga ieu mah, ari samemeh datangna Ceng Ho, urang
  Sunda nyebut 'cai' teh naon? Water, wasser, aqua, uma, tubig, vand, uisce,
  air, atawa kecap sejen anu jaman kiwari geus teu kacatet dina basa Sunda?

  Ngeunaan Kerawang, kuring mah teu nyaho aya wewengkon nu disebut
  Kerawang(nu asalna tina kecap
  kerawan-an) di Tatar Sunda. Nu kuring apal mah Karawang, nu cenah asal tina
  kecap karawang. Naha ieu teh memang parobahan tina Kerawang (asli) jadi
  Karawang (Sunda) lajeng jadi deui Kerawang (sakumaha nu kiwari mindeng
  kadenge ku urang ti letah batur) atawa kumaha? Cik ah...

  On 12/14/07, Mang Ucup wrote:
  >
  > 1415 M, dengan didampingi antara lain oleh Ma Huan seorang Muslim
  > Tionghoa, mereka singgah dahulu di Kerawang, yang pada saat itu masih
  > bernama "Kerawan-an" dalam bahasa Sunda, satu pelabuhan di muara sungai
  > Citarum.
  >
  > Apabila dahulu kapal berlabuh maka kebutuhan yang paling pokok adalah
  > "air" tawar untuk persediaan minum mereka, maka dari itulah permohonan
  > pertama dari pihak anak buah Cheng Ho adalah air yang dalam bahasa Tionghoa
  > adalah "cui", karena lafalnya orang Tionghoa sehingga kedengarannya oleh
  > penduduk Sunda jadi "cai" yang s/d saat ini perkataan tsb. masih terus
  > dipakai. Sedangkan air sungai Tarum, disebut "cui-tarum", mulailah dari
  > situlah adanya nama sungai Ci-tarum, yang berakibat juga bagi nama
  > sungai-sungai lainnya di Jawa Barat yang kebanyakan diawali dengan unsur
  > kata "Ci", Ciliwung, Cikapundung, Cimanuk dsb.
  >

  -- 
  sikandar



   

Kirim email ke