Ki, lamun teu lepat mah, di Jabar oge sami, babandingan lalaki jeung 
awewe teh 1:1. Upami ditingali dina usia subur, babandinganana malah 
beuki jomplang, sabab ari lalaki mah usia suburna ampir saumur 
hirup, ari awewe mah ngan dugi ka 50-55 taun. Hartosna .... 
lalaki "umur subur" jauh leuwih loba tibatan awewe "usia subur".

Kaduana, upama ningali ukur 'umur subur", hartosna, nyandungna sanes 
nyandung religius (nyandung ku alesan nulungan awewe), sabab 
dipilihan nu keur "meumeujeuhna" wungkul, ari sabangsa nini-nini mah 
teu kaasup itungan.

Sakieu heula, keur rusuh bade Cengkareng, muru kapal udara nu ka 
Balikpapan engke sonten.

Baktos,
WALUYA



--- In urangsunda@yahoogroups.com, Tatang Sariman <[EMAIL PROTECTED]> 
wrote:
>
> Langkung gampil deui ngamangfaatkeun angka sex ratio. ieu ukuran 
seueurna pameget sareng istri di hiji tempat. sapertos sex ratio 102 
hartosna aya 102 pameget diantawis 100 istri. upami kangge 
kaperyogian ngawayuh, saena nyandak sex ratio ti kumpulan umur 15-49 
(PUS, pasangan usia subur). Ulah tina angka sex ratio umum, margi 
kalebet murangkalih can dewasa sareng sepuh (kangge istri.). 
Tempatna oge ulah nyandak sex ratio Indonesia, margi kedah 
disaluyukeun sareng tempat dimana eta istri anu bade diwayuh ayana. 
Janten milih angka sex ratio daerah anu langkung alit ti 100. 
sapertos sex ratio 89, hartosna aya 89 pameget diantawis 100 istri, 
langkung tepatna deui kedah dihubungkeun sareng status kawina oge. 
Kucara eta sigahna bakal kauninga daerah mana wae sareng aya 
sabaraha urang istri anu can kabagean nikah. Kaum ibu kedah hawatos 
ka anu can nikah, atuh kaum bapa kedah kersa ngelehan ngabagi....? 
he he he. Sakitu anu kapihatur ti aki tams.    
> 


Kirim email ke