Pangbagian jodo jang awewe tina dasa statistik ?/. Euleuh geuningan kitu....

On 12/26/07, Tatang Sariman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>   Langkung gampil deui ngamangfaatkeun angka sex ratio. ieu ukuran
> seueurna pameget sareng istri di hiji tempat. sapertos sex ratio 102
> hartosna aya 102 pameget diantawis 100 istri. upami kangge kaperyogian
> ngawayuh, saena nyandak sex ratio ti kumpulan umur 15-49 (PUS, pasangan usia
> subur). Ulah tina angka sex ratio umum, margi kalebet murangkalih can dewasa
> sareng sepuh (kangge istri.). Tempatna oge ulah nyandak sex ratio Indonesia,
> margi kedah disaluyukeun sareng tempat dimana eta istri anu bade diwayuh
> ayana. Janten milih angka sex ratio daerah anu langkung alit ti 100.
> sapertos sex ratio 89, hartosna aya 89 pameget diantawis 100 istri, langkung
> tepatna deui kedah dihubungkeun sareng status kawina oge. Kucara eta sigahna
> bakal kauninga daerah mana wae sareng aya sabaraha urang istri anu can
> kabagean nikah. Kaum ibu kedah hawatos ka anu can nikah, atuh kaum bapa
> kedah kersa ngelehan ngabagi....? he he he. Sakitu anu kapihatur ti aki
> tams.
>
> *waluya56 <[EMAIL PROTECTED]>* wrote:
>
>  > retno rodiyatna <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> > coba pangitungkeun jumlah awewe jeung lalaki anu cukup umur jeung
> > kawin.
> > coba bandingkeun!
>
> Ari soal eta mah, teu kedah sesah-sesah Kang, geus aya nu
> mangitungkeun, Biro Pusat Statistik (www.bps.go.id). Hasilna,
> babandingan awewe jeung lalaki di Indonesia saimbang (1:1), malah
> lalaki leuwih loba saeutik (Hasil sensus taun 2000).
>
> Keur tingkat Dunya, tiasa ditingali disitus Worldpopclock, didinya
> tiasa ditingali oge proyeksi babandingan awewe jeung lalaki tepi ka
> taun 2025. Per nagara oge aya. Nu matak heran, nu timpang di nagara-
> nagara Teluk (Arab Saudi, Kuwait, Bahrain, UEA) nyaeta kanyataan
> lalaki jauh leuwih loba tibatan awewe. Di ARab Saudi 120 lalaki :
> 100 awewe, di Bahrain malah leuwih timpang deui 160 lalaki : 100
> awewe.
>
> Nu bakal diramalkeun bakal surplus lalaki, nagara RRC, sabab nagara
> eta aya kawijaksanaan "HIJI ANAK". Rata-rata kulawarga di Cina
> hayang boga lalaki. Ieu bisa nyababkeun lalaki surplus lalaki di
> Dunya, sabab padumuk RRC teh 2 milyar jelema!
>
> Tapi ayeuna aya teknologi, supaya awewe ngalobaan, nyaeta kloning.
> Sanajan ayeuna kakara bisa ka sato, bisa wae kahareup mah ka jelema.
> Cenah kloning, ngan bisa dilakukeun kanu jenis kelamin bikang. Ngan
> jadi patarosan oge, umpama kloning bisa keur reproduksi jelema, keur
> naon aya jalu?
>
> Baktos,
> WALUYA
>
>
>
>
>  ------------------------------
> Be a better friend, newshound, and know-it-all with Yahoo! Mobile. Try it
> now.<http://us.rd.yahoo.com/evt=51733/*http://mobile.yahoo.com/;_ylt=Ahu06i62sR8HDtDypao8Wcj9tAcJ+>
>
> 
>

Kirim email ke