> From: Agus K "PAKUSARAKAN"
> leres kang... jadi teu menang ngaharamkeun nyandung nu geus puguh halal.. 
> nu puguh mah tegal legal jeung saritem kudu di haramkeun mah lain tempatna 
> tp > para pelacurna... jeung nu sok lacurna...
> ceuk urang sumut mah kieu.. urang batak mah satia tara salingkuh tara 
> nyandung
> tapi lacur unggal minggu

Kang Agus, ari kitu mah saluyu jeung asumsi kang Yuliadi, nu nyebut nyandung 
teh identik jeung nafsu, teu aya perkara ibadah didieu, ukur usaha 
nyalurkeun nafsu lalaki tapi halal .....hehehehe.  Kuring jadi inget kana 
gugatan nu hayang ngabatalkeun UU Perkawinan 1974 nu diajukeun ka Mahkkamah 
Kontitusi (pertengahan taun 2007). Salah sahiji alesan gugatan, cenah 
nyandung nyegah lalaki ka tempat prostitusi. Tapi waktu ditanya ku Hakim, 
cik mana buktina lalaki nu asup ka tempat prostitusi teh henteu nyandung? Nu 
ngagugat jeung pangacarana balabab-belebeb, da euweuh buktina lalaki nu 
resep "jajan" teh lalaki anu henteu nyandung. Jadi nu ngagugat teh ukur ceuk 
"RARASAAN" manehna. Tangtu we ari hukum mah ulah ceuk "RARASAAN", kudu aya 
bukti. Gugatanana ditolak ku MK!

Kuring yakin, sabagean gede lalaki henteu nyandung. Tah kunaon atuh henteu 
nyandung? Sigana lain teu boga nafsu ka awewe sejen salian ti pasangan 
hirup, tapi aya salah sahiji faktor penting nu ngawatesan sacara psikologis, 
nyaeta MORALITAS KASATIAAN ka pasangan hirup. Ieu bisa disebut "hambatan" 
psikologis keur ngalakukeun nyandung. Tapi "hambatan" psikologis ieu bisa 
"jebol" lamun mimiti ngalakukeun nyandung. Kasaatiaan ka pasangan hirup 
ngurangan, "rasa bersalah"  kulantaran ngalanggar kasatiaan jadi leungit, 
akibatna nu nyandung, komo lamun didukung ku kaayaan ekonomi kuat, bisa 
nyandung tepi ka maksimum wates (opat) ...... malah bisa kurang keneh, 
ditambahan ku amengan ka lokalisasi prostitusi!.

Mungkin ieu bisa jadi panalungtikan nu narik, lamun di tempat prostitusi aya 
survey nu nyurvey karakter lalaki "irung belang". Naha maranehna teh 
bujangan? lalaki anu henteu nyandung? lalaki tukang nyandung jeung tukang 
kawin-cerai?.  Mangga nyanggakeun ka para ahli sosiologi, ulah ungklukna wae 
nu disurvey kasang-tukangna teh, tapi lalaki nu sok "jajan" oge disurvey. Da 
percomah ...... ari ukur nu ngajualna we ditalungtik, ari nu meulina henteu!

Baktos,
WALUYA

Kirim email ke