mangga kang ari saur akang kitumah nya mangga da' pamendak abdi lain kitu...
masalahna "ULAH NGAGOGORENG NU NYANDUNG DA' TEU KABEH NU NYANDUNG GORENG"
eta we wungkull mun teu resep kanu nyandung nya.. ken we keupel na hate ulah
make alasan iyeu alasan itu
nya akhirna sarua kabeh make alasannan masing-masing
nupuguh mah... teu sakabeh nu nyandung goreng
jeung teu kabeh nu teu nyandung alus..

nu goreng jeung alus ukur di bedakeun ku kaimanan jeung ka taqwaan
teu nyandung ari teu taqwa nya goreng we...

gubrak ahh....

Maju terus NU bade Nyadung
Nu moal Calik we lah...


On Dec 30, 2007 12:28 PM, Waluya <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

>   > From: Agus K "PAKUSARAKAN"
>
> > leres kang... jadi teu menang ngaharamkeun nyandung nu geus puguh
> halal..
> > nu puguh mah tegal legal jeung saritem kudu di haramkeun mah lain
> tempatna
> > tp > para pelacurna... jeung nu sok lacurna...
> > ceuk urang sumut mah kieu.. urang batak mah satia tara salingkuh tara
> > nyandung
> > tapi lacur unggal minggu
>
> Kang Agus, ari kitu mah saluyu jeung asumsi kang Yuliadi, nu nyebut
> nyandung
> teh identik jeung nafsu, teu aya perkara ibadah didieu, ukur usaha
> nyalurkeun nafsu lalaki tapi halal .....hehehehe. Kuring jadi inget kana
> gugatan nu hayang ngabatalkeun UU Perkawinan 1974 nu diajukeun ka
> Mahkkamah
> Kontitusi (pertengahan taun 2007). Salah sahiji alesan gugatan, cenah
> nyandung nyegah lalaki ka tempat prostitusi. Tapi waktu ditanya ku Hakim,
> cik mana buktina lalaki nu asup ka tempat prostitusi teh henteu nyandung?
> Nu
> ngagugat jeung pangacarana balabab-belebeb, da euweuh buktina lalaki nu
> resep "jajan" teh lalaki anu henteu nyandung. Jadi nu ngagugat teh ukur
> ceuk
> "RARASAAN" manehna. Tangtu we ari hukum mah ulah ceuk "RARASAAN", kudu aya
>
> bukti. Gugatanana ditolak ku MK!
>
> Kuring yakin, sabagean gede lalaki henteu nyandung. Tah kunaon atuh henteu
>
> nyandung? Sigana lain teu boga nafsu ka awewe sejen salian ti pasangan
> hirup, tapi aya salah sahiji faktor penting nu ngawatesan sacara
> psikologis,
> nyaeta MORALITAS KASATIAAN ka pasangan hirup. Ieu bisa disebut "hambatan"
> psikologis keur ngalakukeun nyandung. Tapi "hambatan" psikologis ieu bisa
> "jebol" lamun mimiti ngalakukeun nyandung. Kasaatiaan ka pasangan hirup
> ngurangan, "rasa bersalah" kulantaran ngalanggar kasatiaan jadi leungit,
> akibatna nu nyandung, komo lamun didukung ku kaayaan ekonomi kuat, bisa
> nyandung tepi ka maksimum wates (opat) ...... malah bisa kurang keneh,
> ditambahan ku amengan ka lokalisasi prostitusi!.
>
> Mungkin ieu bisa jadi panalungtikan nu narik, lamun di tempat prostitusi
> aya
> survey nu nyurvey karakter lalaki "irung belang". Naha maranehna teh
> bujangan? lalaki anu henteu nyandung? lalaki tukang nyandung jeung tukang
> kawin-cerai?. Mangga nyanggakeun ka para ahli sosiologi, ulah ungklukna
> wae
> nu disurvey kasang-tukangna teh, tapi lalaki nu sok "jajan" oge disurvey.
> Da
> percomah ...... ari ukur nu ngajualna we ditalungtik, ari nu meulina
> henteu!
>
> Baktos,
> WALUYA
>
>  
>



-- 
-----------------------------------------------------------
AGUS PAKUSARAKAN
08128377662
www.hr-uwj.com (mangga geura deu2l dulur urang rek manggung
-----------------------------------------------------------
Koperias Amanah Sunda
www.inkas.wordpress.com
www.azzoman.wordpress.com
www.azzoman.indonetwork.co.id
www.indonetwork.co.id/azzoman
---------------------------------------------------------------------
http://aguspakusarakan.blogspot.com/
http://geocities.com/prabu_siliwangi
http://geocities.com/lodaya_9
http://siliwangi.blogs.friendster.com

Kirim email ke