Baraya sajagat maya, dina raraga mapag poe "basa indung", urang nyieun pasanggiri maca carpon basa Sunda yu!
Kumaha carana? Carana urang make sumanegt, ti urang, ku urang, keur balarea. Kieu geura: Ieu rencana teh saenyana geus rada lila dipikiran. Panungtung, bulan tukang, menta tulung ka Teh Roro, menta pangnyadiakeun transkripsi carpon basa Sunda. Duka tos nepi kamana tah. Sugan we dikeureuyeuh. Ieu pasanggiri, urang jieun khas model Kusnet. Carana kieu: Pamilon milih hiji carpon nu geus disadiakeun samemehna. Terus pamilon ngarekam bacaanana kana format digital (contona: mp3). Hasil rekaman kirimkeun ka tukang ngumpulkeun atawa upload ka situs pribadi masing-masing, terus bejaan ka tukang ngumpulkeun, dimana eta file disimpenna. Kumaha cara nganilaina? Jigana kriteriana tong rumit teuing, ukuranana cukup ku ngeunah jeung merenah didengena. Saha nu nganilaina? Nganilaina, ngarah demokratis jeung haratis, urang nilai we ku sarerea, make pooling online. Meureun perlu sababaraha tahapan proses nganilaina, bisa jadi aya sababaraha hambalan. Naon hadiahna? Hadiahna engke we urang dongengkeun deui. Sugan we aya donatur nu haat nyadiakeun hadiah, atawa aya lembaga nu daek ngaleler hadiah. salam, mh