Mitos MITOS téh tina basa Walanda *mythe* atawa tina Inggris *myth,* asalna tina bahasa Latin *mythos*, hartina dongéng-dongéng anu ku hiji masarakat dianggap kajadian anu enya kungsi karandapan ku karuhunna patali jeung sajarah katut kayakinan anu jadi cecekelan éta masarakat, biasana réa anu fantastis jeung garaib. Éta kecap aya patalina jeung kecap mitologi, nyaéta susunan dongéng-dongéng anu dipercaya ku hiji masarakat téa, di sagigireun harti anu muncul béh dieu nyaéta élmu anu ngaguar mitos-mitos. Nu dianggap kaasup kana mitologi téh legénda jeung saga.
Kecap mitos ogé dihartikeun ngagegedékeun tokoh atawa kajadian leuwih ti misti, malah sakapeung mah si tokoh téh disaruakeun jeung déwa-déwa sarta miboga sipat cara déwa atawa jalma karamat nepi ka henteu kaharti ku akal. Di masarakat Sunda anu dianggap tokoh mitos atawa mitologi téh antarana Sang Kuriang jeung Dayang Sumbi anu dipatalikeun jeung asal kajadianana Gunung Tangkubanparahu jeung talaga Bandung. Tokoh Nyi Rambut Kasih nu dipatalikeun jeung sajarah Majalengka. Tokoh Prabu Siliwangi anu dianggap raja Pajajaran, jeung sajabana. Unggal masarakat gé mémang mikabutuh mitos. Nyaéta carita hayali anu bisa dijadikeun cecekelan anggota masarakatna nu yakineun yén éta mitos téh lain fantasi, tapi enya geus kajadian teuing sabaraha alam saméméhna. Ku ayana mitos, hiji masarakat jadi ngarasa reugreug duméh miboga "sajarah". Tapi ku beuki inténsifna rasionalisasi di masarakat, kapercayaan kana mitologi atawa mitos téh ngipisan. Mémang aya anu masih keukeuh yakin kana benerna nu dicaritakeun dina mitos atawa mitologi téa, tapi geus réa anu ngolémbar, nganggap éta mah ngan ukur dongéng = pikeun ngabobodo budak céngéng. Sanajan kitu lain hartina maranéhanana anu henteu percayaeun deui kana mitologi titinggal karuhunna téh henteu percaya kana mitos samasakali. Umumna maranéhanana nu ninggalkeun mitos titinggal karuhun, miboga mitos anyar anu saenyana mah sarua henteu rasionalna jeung mitologi titinggal karuhun. Upamana kayakinan yén lamun budak sakola nepi ka jucungna baris jadi jalma pinter tur gedé jasana ka masarakat tur pangalana gé baris gedé. Nepi ka kolotna henteu asa-asa ngajualan tanah atawa warisan lianna pikeun nyakolakeun budak. Atawa kayakinan yén naon anu dilakukeun ku bangsa deungeun di nagara-nagara jugala téh ciri kamajuan, jadi lamun urang gé hayang maju, kudu nurutan. Mitos anyar téh lahirna jeung sumebarna henteu kaciri, henteu karasa, nyaho-nyaho geus dipalercaya ku balaréa baé. Geus jadi kayakinan urang réa anu susah diruagna, sanajan kanyataan-kanyataan nu kajadian di masarakat nuduhkeun yén éta mitos téh henteu bener. Réa jalma anu sakola nepi ka jucungna tapi henteu jadi pinter komo gedé jasana ka balaréa mah – hasilna ngan jadi rimbil ku gelar. Urang tipoporosé hayang maju ku jalan nurutan naon baé anu dijadikeun kabiasaan di nagara-nagara jugala, tapi urang gé terang yén sihoréng di nagara-nagara jugala ogé kamajuan téh henteu mawa katingtriman jeung katengtreman, henteu mawa kabagjan lahir batin cara anu dipikahayang ku urang. Malah réa jalma ti nagara maju jeung jugala anu naréangan kasugemaan hirup indit ka tempat-tempat anu tacan maju cara Tibét, India, Bali, jeung lian-lianna. Mitos téh timbul ku lantaran urang embung nyanghareupan réalitas anu nyata dina kahirupan. Atawa ku lantaran urang ngarasa perelu aya cecekelan balaréa pikeun ngandelan kapercayaan kana dirina. Cara dina jaman perjuangan kamerdikaan nyanghareupan Walanda anu ngajajah, para pamingpin gerakan kamerdikaan nyieun mitos ngeunaan nagara-nagara agung binantara anu kungsi ngadeg di Nusantara. Nyieun mitos ngeunaan ayana usaha ngahijikeun pulo-pulo di Nusantara jadi hiji wilayah anu pas pisan wates-watesna jeung wilayah Républik Indonésia. Padahal wilayah RI téh asalna wilayah Hindia Walanda — nyaéta jajahan nagara Walanda di Hindia Wétan. Ari wates-watesna istuning henteu dijieun dihaja, tapi dumasar kana hasil rundingan jeung serangan anu dilaksanakeun ku pasukan Walanda. Malah aya anu hasil nukeuran jeung jajahan Inggris, cara Bengkulu anu tadina dijajah Inggris ditukeuran ku pulo Temasik nu tadina jajahan Walanda. Temasik téh ayeuna jadi nagara Républik Singapura. Hanjakal dina nyarieunna mitos téh, para pamingpin gerakan nasional urang dina jaman saméméh perang, sering henteu dumasar kana kanyataan-kanyataan sajarah – bubuhan da katerangna kana sajarah jaman harita téh masih samporét pisan. Nagara-nagara anu sering dicaritakeun kahébatanana — sanajan tacan diuji sara historis – digegedékeun nepi ka nimbulkeun kayakinan yén enya bangsa urang téh lain bangsa samanéa. Bisa jadi mémang baheula aya di antara suku-suku bangsa urang anu kungsi miboga karajaan badag, tapi éta karajaan téh sanajan sakumaha agungna ulah dimitoskeun jadi asal-usul nagara modéren Républik Indonésia. Sabab lamun urang masing-masing nyekel kana kaagungan karuhun urang anu pilih tanding, poho yén Républik Indonésia anu ayeuna jadi nagara urang mah henteu hir walahir jeung Majapait, Sriwijaya, Pajajaran (Sunda) atawa Mataram. Nagara urang mah hasil tumuwuhna nasionalismeu Indonésia anu dumasar kana kayakinan yén pangalaman anu sarua waktu dijajah ku Walanda baris jadi pangrapet urang saréréa dina enggoning ngawujudkeun jeung ngamumulé nagara jeung bangsa Indonésia. Sabab lamun urang nyekel kana hal-hal nu asalna ti jaman karajaan-karajaan anu kungsi aya di wilayah Nusantara, urang baris kajiret ku konsép jeung wewengan anu henteu luyu jeung cita-cita nasionalismeu Indonésia. Nasion Indonésia téh henteu aya patalina sacara konsép jeung kasajarahan jeung karajaan-karajaan anu kungsi aya di Nusantara. Visi kanasionalanana tacan kasampak dina waktu karajaan-karajaan téa ngadeg. *Ajip Rosidi* cita: http://cupumanik.com/manik/seratan/mitos/