hampura lur... keur almarhum2 si kuring make kecap "dipaehan"... sugan we urang sunda ngarambek, hararudang (ngan "hudang"na tong ka uing, da uing mah US... atawa urang sunda mah wani-na ngan ka sasama ?!)....
eh ari juragan Agus WK harita normal teu nya ?! ^_^ satuju : leuweung geledegan dipikasieun pedah aya maung-na, urang sunda euweuh maungna (meureun)... ----- Original Message ----- From: Hasan Supriadi Subject: Re: [Urang Sunda] Gubernur BI "Tijalikeuh"? (urang sunda gampang ditalapung)... bukti nu makin nyata... urang sunda mah gampang ditincek atawa ditalapung... kaputusan BI dijieun ku rapat Dewan Gubernur (nu anggotana lain hiji-dua)... tapi nu jadi tersangka ngan BA (jeung 2 kepala biro)... bari jeung BA mah can pernah dipanggil-panggil acan... ari anggota Dewan Gubernur nu lain -na kumaha ?! anggota DPR nu nampa-na kumaha ?! cenah mah ieu perkara teh di"angkat" pedah aya nu boga hasrat gede keur jadi Gubernur BI (pan bulan Mei, rek aya pemilihan deui), tah kabeneran Kang BA masih boga hak ngilu deui ieu pemilihan, jadi we kasusna di-blow up (bari jeung ngan manehna sorangan nu jadi tersangka, tina sakitu rea nu nanda tangan eta kaputusan)... Ir. Djuanda, alm. dipaehan, urang sunda teu walakaya... Oto Iskandar di Nata, alm. dipaehan, urang sunda teu walakaya... Ginanjar Kartasasmita, ampir2an rek ti gebrus...(duka kumaha terusna) Kang BA, rek ampir tigebrus sosoranganan, kudu kumaha ?! kamana Paguyuban Pasundan ?! mun enya nu dilakukeun ku Kang BA salah, teu meunang diwiji-wiji, teu menang dibeda-beda, kabeh nu terlibat kudu dihukum, tong pedah urang sunda mah sok ngaharephep, nya ngan manehna nu dikorbankeun... (komo pan cenah urusan "uang pelicin" keur lancarna UU di DPR teh memang geus umum, berarti kudu loba nu ngilu diadili) mun enya diangkatna kasus ieu lantaran pedah "persaingan" keur pemilihan deui Gubernur BI, gancang kudu dibalikeun kana "jalur"na, sok we bersaing ku cara nu sehat, tong pedah lantaran "bersaing" terus sagala cara dilakukeun... enyaan urang sunda mah soliter, hirupna sosoranganan... sukses tina usaha sorangan, tigebrus oge mawa diri sorangan... ^_^.