kamana nya Kang Darmawan Sepriyosa ?! biasana mun masalah Senat FEKON sok rada 
"ngartos", da anjeuna mah aktipis...
Kang Darmawan ieu kantos janten Sekjen FEKON (nga-plonco uing heuheuheu)...
ngan ayeuna rada kirang "kadangu" yeuh wartosna...
terakhir aya wartos anjeuna teh pakait sareng "PT. Asia Agri"...



^_^
Kuning FEKON'93



  ----- Original Message ----- 
  From: Jalak Pakuan 
  Subject: Generasi Anyar Unpad Re: [Urang Sunda] Dr Burhanuddin Abdullah 
Sareng Karakter BI



  Ahir 80an Fekon make cara milih langsung pupuhu Senat, matak geunjleung da 
diluar pakem. Tapi jalan bae da tujuanana alus supaya leuwih kompetitif, 
ngabiasakeun "bersaing" mun bisa mah cara nu "fair", jujur. 

  Ti awal 2000an sim kuring sareng rerencangan tiap taun sok ngabahas progres 
alumni Unpad khususna nu ti Fekon geuning tetep we barudak teh "kurang wawanen" 
lain teu palalinter. Mun ceuk urang Jakarta mah "anak mami". Jadi dina 
rekrutmen teh nya asup kana takdir nu teu kaala. Ti taun 2002 ngalungkeun 
program Back to Campus ngabantu fakultas, adi-adi supaya leuwih kompetitif. 
Tapi warta ti rerencangan nu tos laluhur di pausahaan2 gede persentase nu 
kalaut masih keneh ageung. Insya Allah Maret sim kuring sareng rerencangan 
angkatan bade karempel deui, salah sahijina evaluasi progres program Back to 
Campus. Nu kaerong mah tacan tarik lumpatna masih ngorondang, tapi Insya Allah 
konsisten, mayeng maju terus. 

  Ka Kang Ganjar, Civitas Academica, para alumni pami tiasa mah ngabedah deui 
posisi Unpad sareng mun pareng mah tiasa nangtoskeun naon-naon nu peryogi:
  direposisi, direvitalisasi, direstrukturisasi, 
direengineering,.........ditalapung.
  Sim kuring percanten bedah posisi teh tos aya mung panginten kedah langkung 
disosialisasikeun sareng dikaji deui pan pupuhu IKA ayeuna mah selebritis 
pulitik nu tangtos ngigelna langkung dinamis 

  Vivat Unpad
  Jalak Pakuan. 
   

Kirim email ke