Leres kang hasan, eta kajadian Andi Ghalib basa kapanggih aya duit transfer ti dua pangusaha ka rekening pribadi anjeuna, ngelesna keur urusan gulat tapi buktina eta ditransfer memeh jadi pangurus gulat. Najan bukti geus buleud urang Makassar make nembongkeun badik bari ngomong "siri", mun diwiwirang urusanana duel nepi ka paeh. Andi Ghalib mah nepi ka nyarita kang Teten nu asgar rek diberik nepi ka kuburanana. Sabenerna loba urang makassar nu wirang nya kasus Ghalibna nya nempatkeun teu patut istilah "siri" , tapi tetep boga poin ngetop ku gede wawanen. Ayeuna oge Andi Malarangeng, JK sok nembongkeun adat bugis yen salah sahiji ngabereskeun pasualan ku make tradisi bugis, adu badik. Pede pisan matak ngageumpeurkeun nu epes meer.
JP Makarya Mawa Raharja ----- Original Message ---- From: mh <[EMAIL PROTECTED]> To: urangsunda@yahoogroups.com Sent: Wednesday, January 30, 2008 8:39:46 PM Subject: Re: [Urang Sunda] Gubernur BI "Tijalikeuh"? (urang sunda gampang ditalapung)... aya dongeng kang jalak, lain dongeng ketang ieu mah da fakta nu kungsi kapanggih ku sim uing. ngan kajadianana geus heubeul. harita teh mun teu salah, waktu aya kasus nu ngalibatkeun inohong ti makasar (duka pak habibi atawa pak andi galib) nu diungkap ku icw. kabeneran balad kuring aya sababaraha urang ti makasar. waktu keur ngadongeng perkara eta jeung kibalad, komentar maranehna kurang leuwih kieu, "lamun aya ngulampreng ka dieu, eta jelema nu ngagugat balad aing, ku aing dibadik siah." tak kitu kurang leuwihna, kumaha solidna baraya urang ka seke selerna ti makasar. kulantaran solid jeung guyub tea, nya maranehna leuwih teuneung najan aya di pangumbaraan. (mh) On 1/31/08, Jalak Pakuan <jalakpakuan@ yahoo.com> wrote: Kuring mah yakin mun urang sunda solid siap nonjok mun aya nu nyabok atawa najong mun aya nu nincak da pasti seler sejen mikir mun rek sagawayah komo nepi ka wani nganiaya urang sunda. Kuring mah ngeundeuk2 babaturan supaya nyimpen/"dipajang" kujang atawa keris sunda (tangguh pajajaran, galuh atawa cirebon) di rohangan di kantorna. Kahiji supaya ulah boga sipat dusun, era komo minder ngaku urang sunda. Kadua supaya aya simaan. Percaya lah mun nyekel kujang atawa keris naek lah "pede"na. Katilu jadi bewara ka seler sejen yen sunda teh lain ngan ukur boga peuyeum atawa tahu nu beunang dirames-rames. sakitu ti sim kuring Heulang Saung Galah Makarya Mawa Raharja ----- Original Message ---- From: Hasan Supriadi <[EMAIL PROTECTED] co.id> To: [EMAIL PROTECTED] ups.com Sent: Wednesday, January 30, 2008 6:18:48 PM Subject: Re: [Urang Sunda] Gubernur BI "Tijalikeuh"? (urang sunda gampang ditalapung). .. bukti nu makin nyata... urang sunda mah gampang ditincek atawa ditalapung.. . kaputusan BI dijieun ku rapat Dewan Gubernur (nu anggotana lain hiji-dua)... tapi nu jadi tersangka ngan BA (jeung 2 kepala biro)... bari jeung BA mah can pernah dipanggil-panggil acan... ari anggota Dewan Gubernur nu lain -na kumaha ?! anggota DPR nu nampa-na kumaha ?! cenah mah ieu perkara teh di"angkat" pedah aya nu boga hasrat gede keur jadi Gubernur BI (pan bulan Mei, rek aya pemilihan deui), tah kabeneran Kang BA masih boga hak ngilu deui ieu pemilihan, jadi we kasusna di-blow up (bari jeung ngan manehna sorangan nu jadi tersangka, tina sakitu rea nu nanda tangan eta kaputusan).. . Ir. Djuanda, alm. dipaehan, urang sunda teu walakaya... Oto Iskandar di Nata, alm. dipaehan, urang sunda teu walakaya... Ginanjar Kartasasmita, ampir2an rek ti gebrus...(duka kumaha terusna) Kang BA, rek ampir tigebrus sosoranganan, kudu kumaha ?! kamana Paguyuban Pasundan ?! mun enya nu dilakukeun ku Kang BA salah, teu meunang diwiji-wiji, teu menang dibeda-beda, kabeh nu terlibat kudu dihukum, tong pedah urang sunda mah sok ngaharephep, nya ngan manehna nu dikorbankeun. .. (komo pan cenah urusan "uang pelicin" keur lancarna UU di DPR teh memang geus umum, berarti kudu loba nu ngilu diadili) mun enya diangkatna kasus ieu lantaran pedah "persaingan" keur pemilihan deui Gubernur BI, gancang kudu dibalikeun kana "jalur"na, sok we bersaing ku cara nu sehat, tong pedah lantaran "bersaing" terus sagala cara dilakukeun.. . enyaan urang sunda mah soliter, hirupna sosoranganan. .. sukses tina usaha sorangan, tigebrus oge mawa diri sorangan... ^_^ ----- Original Message ----- From: MRachmat Rawyani Subject: [Urang Sunda] Gubernur BI "Tijalikeuh" ? Kuring oge mireng wartos tadi enjing di SCTV, Gubernur BI sareng dua padamel BI janten tersangka "kasus aliran dana 35 milyar ka DPR atas dasar temuan BPK." alamat "piceudeumeun" pikeun jajaran BI yeuh. Repotna teh, Pupuhu BPK tilas Gubernur senior BI, terang pisan seluk beluk kaayaan di BI. Atuh KPK oge meni "segut" ngagarap kasus ieu, da nembe dibenum tea, dina raraga "unjuk prestasi". Urang tingali wae, kumaha tah, jalan carios saterasna. Soalna ari perkara "setoran" ka lembaga terhormat, dina raraga ngalancarkeun proses RUU janten UU mah, ceuk cenah mah tos biasa. Mangga diilo kasus UU ketenagakerjaan, pan harita oge geunjleung, aya unsur aliran dana heunteu sah ti Depnaker kanggo para anggota yang terhormat. Kapungkur oge BI pan keuna kasus BLBI dugi ka triliyunan dana dikocorkeun kanggo para pangusaha. Atuh Gubernur BI (harita) Sudradjat Djiwandono kantos di "meja hijau" keun. Tapi geuning salamet, tiasa "nyingcet". baktos, mrachmamt uidipura nuju ngalamun meser kurupuk 35 milyar, kumaha ngawadahanana . Never miss a thing. Make Yahoo your homepage. ____________________________________________________________________________________ Never miss a thing. Make Yahoo your home page. http://www.yahoo.com/r/hs