He...he.....abdi mah lain US asli . Mun newak hayam sok nu pang lindeukna, boh 
nyaan lindeuk atawa mitos lindeuk. Ayeuna mah disieuh-sieuh sina kabeh hayamna 
katewak. 

JP
 
Makarya Mawa Raharja



----- Original Message ----
From: H Surtiwa <[EMAIL PROTECTED]>
To: urangsunda@yahoogroups.com
Sent: Thursday, February 7, 2008 5:30:19 PM
Subject: Re: [Urang Sunda] Gubernur BI "Tijalikeuh"? (urang sunda gampang 
ditalapung)...

Abdi US asli..tapi 1000% teu percanten yen BA dicokok kulantaran USna..biasana 
KPK mah..kana issuena heula...potesi kasusna tiasa henteu ngaageungan 
kredibilitas KPK...selling point henteu kana kinerja...Ari masalah anu bakal 
dicokok mah eta tingal wae bakal seueur kulantaran Pulisi sareng Kajaksaan 
hobby pisan kana ngaageungan jumlah tersangka teh...saha anu tiasa 
disangka...pokona tahan heula..urusan belakangan.. ...pan engke aya kasempetan 
tina "pananguhan panahanan" atawa tina "tahanan sel janten tahanan rumah"...ah 
ieu mah tos populer..mangga atuh tataros.....


On 2/7/08, Jalak Pakuan <jalakpakuan@ yahoo.com> wrote: 
Damang kang Tantan, sawangsulna kumaha langki maca tandaning pakepuk, mugi we 
pakepuk tandaning kamakmuran he...he.....
 
Katingal beda pamadegan tapi asana mah biasa we lah da meureun papada boga info 
nu teu lengkep, teu apal skenariona. Geuning pan mantan Kapolri nembe ayeuna 
"digotongna", nu saleresna cenah kedahna mah tikapungkur. Tapi da kumaha pupuhu 
KPK munggaran pan pulisi oge. Tah kunaon nu tilu tiheula duka naon....aya kitu 
cap sunda nu ngait? Wallahu alam, mugi we sanes anggapan urang sunda mah ager, 
siga teuas tapi..pyarrrrr.
 
salam
tirta
 

tantan hermansah <sariak.layung@ gmail.com> wrote:
Kang Jalak, damang?
Asana, anu dicerek teh tiluan. Sanes US wungkul. Punten upami kuring lepat. 
Poin pentingna dina pamandangan kuring lain sual seke seler. Tapi saha bae anu 
kadoliman batur (boh nagara, institusi, atawa ku saha bae) kudu dibelaan. Teu 
pedah lain US terus teu dibelaan. Sabalikna teu pedah US, mun salah kalah 
disumputkeun. 
Punten mun teu sapamadegan. Hahaha....

Baktos
Tantan


On Feb 2, 2008 7:51 AM, Jalak Pakuan <jalakpakuan@ yahoo.com> wrote:

Punten Kang Tan nu jadi masalah sanes kasusna, eta mah mangga da aya laku aya 
tanggengwaler. Nu dimasalahkeun mah "cara" ...naha BA nu sunda nu dicerek 
tiheula teu babarengan teu disaruakeun. 
 
Nu jadi sentimen mah aya tendensi urang sunda dianggap lindeuk, babari 
direngkas. 
 
Ngeunaan BI eta hal nu sanes, ngan sing emut we Anwar Nasution ge gede omong 
baheuka tapi ari geus jadi urang BI mah beuuuuuuuu.. .. eh kaluar ti BI balik 
deui gede omong....
 
JP
 
 


tantan hermansah <sariak.layung@ gmail.com> wrote:
Salaku urang Garut. Memang kuring ngenes pisan ninggali ieu kajadian. 
BA, teh di lain-lain oge salembur jeung kuring. Malah mun aya acara kumpul 
urang Garut, anjeuna sok panghareupna. 
Memang, talajakna oge teu katinggali beda. 
Tapi, baraya, 
Ulah ditinggali tina urang sundana. Tinggali tina naon anu dilakukeuna. 
AS, Bupati Garut anu dicerek ku KPK, oge US. Tapi ninggali kalakuana, kuring 
panuju pisan mun eta jalma digantung di pengkolan kota Garut. Bakating ku 
biadabna eta jalma. 
Ayeuna BA. Cobi tinggali, BI geus ampir siga nagara dina jero nagara. Gajihna 
leuwih gede batan Presiden jeng DPR. 
Fasilitasna luar biasa. Gedongna agreng. Eh, geus kitu, sangeunahna 
ngaalokasikeun dana Rp. 100 Miliar jang ngabantuan "perkara hukum" 
pajabat-pajabatna. Naha kalakuan kitu teu bejad. Duit saha anu dipake ngagajih 
maranehna teh? Duit saha anu dipake keur nyogok tur mayar pengacara padahal eta 
'kasalahan' maranehna? ngenah pisan. 
Dina bab ieu, kuring mah boga pamadegan, lain BA anu kudu dibela, tapi KPK kudu 
didorong sangkan perkara anu ayeuna keur dikeukeuweuk maranehna teh terus 
dilegaan. 

baktos

Tantan




 



 
Makarya Mawa Raharja


Never miss a thing. Make Yahoo your homepage. 



-- 
tantan hermansah
www.tantanhermansah .co.nr

"jig geura narindak; jeung omat ulah ngalieuk ka tukang!"
--siliwangi- - 




Makarya Mawa Raharja


Be a better friend, newshound, and know-it-all with Yahoo! Mobile. Try it now. 





      
____________________________________________________________________________________
Be a better friend, newshound, and 
know-it-all with Yahoo! Mobile.  Try it now.  
http://mobile.yahoo.com/;_ylt=Ahu06i62sR8HDtDypao8Wcj9tAcJ 

Reply via email to