Ah kewe ngartos henteuna mah ngan mun dewan2an eta biasana nyieun kaputusan 
kabeh kudu nandatangan (call sign). Jadi jititibeh, siji mati mati kabeh. BA 
keuna kabeh nu nandatangan kudu keuna, ulah nyerek tiluan hungkul, kaasup BA nu 
"bageur sok ngabodor" (kitu kesan pagawe na kompas).
 
Makarya Mawa Raharja



----- Original Message ----
From: H Surtiwa <[EMAIL PROTECTED]>
To: urangsunda@yahoogroups.com
Sent: Wednesday, January 30, 2008 10:07:44 PM
Subject: Re: Kumaha aranjeun?? Re: [Urang Sunda] Gubernur BI "Tijalikeuh"? 
(urang sunda gampang ditalapung)...

Mendingan ngartos heula detil anu dialaman ku Juragan BA teh...Eta abdi mah 
mani pabalieut aya Gubernur BI sareng aya Dewan Gubernur..naon eta. sareng dina 
raraga ngalola mah pan di BI ngan aya hiji anu kedah tanggel jawab kana naon 
wae anu dilkonan sareng dipegatkeun ku direktur BI. pasn cenah ceuk elmu 
Ngalola mah anu ngusul upami tos disatujuan teu tiasa dilepatkeun. .teu tiasa 
tanggung renteng... Tapi ari masalahna bade dilebarkeun kana pidan mah nya 
tiasa wae .eta pulisi resep nagkep sarerea direksi anu kalibet..... Mendingan 
ngarots heula eta Juragan BA teh di "frame up" atanapi kumaha....Pan moal 
kajadieun siga kieu lamun aya Direktur anu ngingetkeun. .sanes ngajongklokkeun. 
.......


On 1/31/08, Jalak Pakuan <jalakpakuan@ yahoo.com> wrote: 
Di lingkunga deukeut tempat gawe kuring tos arapaleun kuring "tebar opini". 
Kajeun rek dikaitkeun ka sundana atawa ka Unpadna.
 
Kumaha saderek sadayana? (tangtuna kumaha yeuh Paguyuban Pasundan?).
Araraya yeuh??!!!
 
Salam,
Heulang Saung Galah

 
Makarya Mawa Raharja



----- Original Message ----
From: Ahmad Dimyati <[EMAIL PROTECTED] com>
To: [EMAIL PROTECTED] ups.com
Sent: Wednesday, January 30, 2008 8:54:52 PM
Subject: Re: [Urang Sunda] Gubernur BI "Tijalikeuh"? (urang sunda gampang 
ditalapung). ..


Hayu atuh geura padungdung, ah. Kieu wae: kudu aya sababaraha strategi nu 
dirojong ku sababaraha kelompok. Masing-masing kelompok ngagunakeun strategi 
jeung taktik masing-masing, tapi saluyu jeung strategi lan taktik kelompok 
sejenna. Oge saluyu dina tujuan jeung udagan akhirna: nanjeurkeun wibawa Sunda, 
ngabela urang Sunda nu dirogahala, dianiaya. Ayeuna ge tos aya sababaraha 
kelompok nu berjuang di bidang masing-masing. Dina kasus kang BA aya nu ngabela 
ku alat (manuver) politik, aya nu ngabela kalayan lembaga hukum. Sigana para 
wargi KUSNET mah kedah berjuang ngagebregkeun dunia maya ku isu politisasi 
hukum keur kapentingan pribadi atawa kelompok. Mangga geura kawitan, tapi ulah 
mung saukur di milis urangsunda wungkul, da ieu mah jelas papada urang keneh.
 
AD


 
----- Original Message ----
From: Jalak Pakuan <jalakpakuan@ yahoo.com>
To: [EMAIL PROTECTED] ups.com
Sent: Thursday, January 31, 2008 11:28:38 AM
Subject: Re: [Urang Sunda] Gubernur BI "Tijalikeuh" ? (urang sunda gampang 
ditalapung). ..


Kuring mah yakin mun urang sunda solid siap nonjok mun aya nu nyabok atawa 
najong mun aya nu nincak da pasti seler sejen mikir mun rek sagawayah komo nepi 
ka wani nganiaya urang sunda.
 
Kuring mah ngeundeuk2 babaturan supaya nyimpen/"dipajang" kujang atawa keris 
sunda (tangguh pajajaran, galuh atawa cirebon) di rohangan di kantorna. Kahiji 
supaya ulah boga sipat dusun, era komo minder ngaku urang sunda. Kadua supaya 
aya simaan. Percaya lah mun nyekel kujang atawa keris naek lah "pede"na. Katilu 
jadi bewara ka seler sejen yen  sunda teh lain ngan ukur boga peuyeum atawa 
tahu nu beunang dirames-rames.
 
sakitu ti sim kuring
Heulang Saung Galah
 
 
Makarya Mawa Raharja



----- Original Message ----
From: Hasan Supriadi <[EMAIL PROTECTED] co.id>
To: [EMAIL PROTECTED] ups.com
Sent: Wednesday, January 30, 2008 6:18:48 PM
Subject: Re: [Urang Sunda] Gubernur BI "Tijalikeuh" ? (urang sunda gampang 
ditalapung). ..


bukti nu makin nyata... urang sunda mah gampang ditincek atawa ditalapung.. .
kaputusan BI dijieun ku rapat Dewan Gubernur (nu anggotana lain hiji-dua)...
tapi nu jadi tersangka ngan BA (jeung 2 kepala biro)... bari jeung BA mah can 
pernah dipanggil-panggil acan...
ari anggota Dewan Gubernur nu lain -na kumaha ?! anggota DPR nu nampa-na kumaha 
?!
 
cenah mah ieu perkara teh di"angkat" pedah aya nu boga hasrat gede keur jadi 
Gubernur BI (pan bulan Mei, rek aya pemilihan deui), tah kabeneran Kang BA 
masih boga hak ngilu deui ieu pemilihan, jadi we kasusna di-blow up (bari jeung 
ngan manehna sorangan nu jadi tersangka, tina sakitu rea nu nanda tangan eta 
kaputusan).. .
 
Ir. Djuanda, alm. dipaehan, urang sunda teu walakaya...
Oto Iskandar di Nata, alm. dipaehan, urang sunda teu walakaya...
Ginanjar Kartasasmita, ampir2an rek ti gebrus...(duka kumaha terusna)
Kang BA, rek ampir tigebrus sosoranganan, kudu kumaha ?! kamana Paguyuban 
Pasundan ?!
 
mun enya nu dilakukeun ku Kang BA salah, teu meunang diwiji-wiji, teu menang 
dibeda-beda, kabeh nu terlibat kudu dihukum, tong pedah urang sunda mah sok 
ngaharephep, nya ngan manehna nu dikorbankeun. .. (komo pan cenah urusan "uang 
pelicin" keur lancarna UU di DPR teh memang geus umum, berarti kudu loba nu 
ngilu diadili)
 
mun enya diangkatna kasus ieu lantaran pedah "persaingan" keur pemilihan deui 
Gubernur BI, gancang kudu dibalikeun kana "jalur"na, sok we bersaing ku cara nu 
sehat, tong pedah lantaran "bersaing" terus sagala cara dilakukeun.. .
 
enyaan urang sunda mah soliter, hirupna sosoranganan. ..
sukses tina usaha sorangan, tigebrus oge mawa diri sorangan...
 
 
^_^
 
 
 
 
----- Original Message ----- 
From: MRachmat Rawyani 
Subject: [Urang Sunda] Gubernur BI "Tijalikeuh" ?

 
Kuring oge mireng wartos tadi enjing di SCTV, Gubernur
BI sareng dua padamel BI janten tersangka "kasus
aliran dana 35 milyar ka DPR atas dasar temuan BPK."
alamat "piceudeumeun" pikeun jajaran BI yeuh.

Repotna teh, Pupuhu BPK tilas Gubernur senior BI,
terang pisan seluk beluk kaayaan di BI. Atuh KPK oge
meni "segut" ngagarap kasus ieu, da nembe dibenum tea,
dina raraga "unjuk prestasi".

Urang tingali wae, kumaha tah, jalan carios saterasna.
Soalna ari perkara "setoran" ka lembaga terhormat,
dina raraga ngalancarkeun proses RUU janten UU mah,
ceuk cenah mah tos biasa. Mangga diilo kasus UU
ketenagakerjaan, pan harita oge geunjleung, aya unsur
aliran dana heunteu sah ti Depnaker kanggo para
anggota yang terhormat.

Kapungkur oge BI pan keuna kasus BLBI dugi ka
triliyunan dana dikocorkeun kanggo para pangusaha.
Atuh Gubernur BI (harita) Sudradjat Djiwandono kantos
di "meja hijau" keun. Tapi geuning salamet, tiasa
"nyingcet".

baktos,

mrachmamt uidipura
nuju ngalamun meser kurupuk 35 milyar, kumaha
ngawadahanana
.
 


 



Never miss a thing. Make Yahoo your homepage. 

 

Send instant messages to your online friends http://uk.messenger .yahoo.com 

 



Be a better friend, newshound, and know-it-all with Yahoo! Mobile. Try it now. 





      
____________________________________________________________________________________
Never miss a thing.  Make Yahoo your home page. 
http://www.yahoo.com/r/hs

Kirim email ke