Wa, kumaha pami enjing urang ngalayad ka kulawargina RAF, di Guruminda, tabuh
dalapanan. Tos paheut sareng kang Abdullah mah.....
cecep burdansyah
MSasmita <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Innalillahi wa inna illaihi rojiun. Mugia sagala rupi amal sholehna
ditampi ku Alloh Swt, kalayan dihapunten samudaya kalepatanana Amin.
------------------
Tepung munggaran jeung panungtungan.
Poe Kemis tanggal 6 September 2007, kuring ngilu ka Kang Ajip Rosidi ka
Pabelan, memeh nyemprung ka wetankeun, Kang Ajip ngajak nyimpang heula ka Pa
Ading nu harita kacatur nuju teu damang. Enya we geuning Pa Ading teh nuju
ngalempreh di pajuaran, tapi barang nguping kang Ajip ngalongok, katingal siga
nu jigrah. Saur Pa Ading panyawatna teh aya kanker dina tenggek, dugi ka kedah
di kemo (disinar), tapi saheulaanan dikeureuyeuh ku jus kulit jeruk bali,
saurna nguping kedah ku jus kulit jeruk bali teh ti rerencanganana, nya
diajaran we da euweuh salahna, sugan we jadi lantaran bisa cageur.
Kuring diwanohkeun ku Kang Ajip, ieu Sasmita nu sok ngoleksi buku Sunda, atuh
kuring nyolongkrong sasalaman, harita eces keneh kekecapan Pa Ading...sing
mindeng kadieu atuh...urang ngawangkong..., harita kuring ngamanggakeun.
Geuning ari yuswa teu aya nu terang, masing satekah polah sangkan leupas tina
panyakit, ari tos dugi kana waktosna mah teu aya nu tiasa nyegah. Pa Ading
mugia sagala rupi kasaean ditampi ku Alloh Swt, kalayan dihapunten samudaya
kalepatan. Geuning tepung harita teh tepung munggaran jeung panungtungan.
Pa Ading pangarang Sunda entragan Kang Ajip, karyana geus loba anu maca,
diantara bukuna anu kawentar nyaeta Dongeng Enteng Ti Pasantren, Nu Kaul Lagu
Kaleon, Pipisahan, Bentang Lapang, jste. Kantos janten pamaen dina serial TVRI
Bandung, Inohong Di Bojongrangkong.
Anjeuna dibabarkeun dina kaping 2 Oktober 1928 sakapeung sok ditulis 2
Oktober 1929 di Banjarsari Banjar (baheula mah kaasup Ciamis) di jajalaneun
antara Banjar jeung Pangandaran, kitu anu kabaca dina buku Memoarna anu judulna
RAF, Urang Banjarsari Jadi Inohong Di Bojongrangkong. Buku ieu dipedalkeun ku
Geger Sunten taun 1998.
MSasmita
----- Original Message -----
From: ncep tribun
To: [email protected]
Sent: Wednesday, February 06, 2008 7:36 PM
Subject: [Urang Sunda] RAF parantos ngantunkeun
Innalilahi wa inna illaihi rojiun. Budayawan Sunda, sastrawan tur sepuh
urang Sunda, Rahmatullah Ading Affandi, RAF parantos ngantunkeun di RS Advent,
Rebo tabuh 18.40 WIB.
Mugia amal soleh sareng amal ibadahna ditampi ku Allah SWT. Amin.
cecep burdansyah
---------------------------------
Looking for last minute shopping deals? Find them fast with Yahoo! Search.